Ti
buruan kadéngé sora bi Enéng semu gogorowokan “Anjiiirrr hileud mani ngabring
kieu euy, urang kérécék waé kitu barudaaaak jeung daun jambuna?!” kawas nu
nyindir ka nu boga tangkal jambu hareupeun imah ema nu dahanna geus meuntas ka
téras béh luhur. Imah ema téh dua tingkat ayeuna mah, kaparengkeun ku jaman,
lahan téh geus haleurin. Mun teu lega ka gigir nya lega ka luhur, geus dukdek
boh ngalér boh ngétan. Imah kuring ogé sarua dua tingkat, ngadeg béh kiduleun
imah Ema nu jarakna ngan sameter tina témbok ka témbok. Ari tonggoheun imah ema
nyaéta imahna wa Édéh nu ku bilik kénéh. Papanna geus rada barobo, ema mah geus
bosen ngingetan ka wa Édéh sangkan imahna digejligkeun waé make keramik, keun
baé ku bilik kénéh ogé aringgis peta na téh. Ku wa Édéh teu digugu lantaran
ngomongna mah can aya duit keur ngeramikkannana, malahan mah sok némbal
pikasebeleun “Ah saruntuhna wéh urang mah, bongan ngan kabagéan imah butut ti
jenatna!” Rada teu pantes ngomong kitu ka indungna sorangan. Némbongkeun rasa
kurang baktina ka abah jeung ka ema. Sukur sakitu ogé dibéré warisan imah nu
meunangkeunna teu kudu adug lajer ku usaha sorangan.
Teu
jiga imah indung kuring nu ngabangunna ogé nungtutan. Geus tujuh taun kuriak,
tapi imah can anggeus kénéh waé, nyaéta téa ku masalah biaya. Dua taun
ngabangun, can ditémbok-témbok acan, masih kénéh ku batako. Tapi geus
ditempatan, lantaran bingung dék salaré dimana. Kapanan kuring jeung adi kuring
nu dua, si Dimas jeung si Anggi, kudu boga tempat keur diajar. Keur mareujeuhna
sarakola, éra cenah ceuk indung kuring mah lamun milu cicing di imah ema waé,
da éta téa bi Enéng teu weléh ngageunggeureuhkeun waé mun dék mandi sok
ngalantri. Nanaon ogé sok jadi omong ku bi Enéng mah, tah éta nu teu
dipikaresep ku indung kuring téh. Ayeuna geus taun ka tujuh indung kuring kuriak
kénéh, geus dipulas imah téh, geus dikeramikkan, tangtuna mah geus ditémbok. Ngan
éta palebah dapur jeung cai mah acan, puguh da nungtutan duit téh ayana ogé.
Sakapeung sok asa melang ka diri sorangan, geus sagedé kieu can bisa kénéh
ngabantuan ngabiayaan keur nyieun imah. Ah, duit timana atuh? Kapan kuringna
ogé keur kuliah kénéh. Sugan wé isuk jaganing géto ku Alloh direjekian.
“Barudak
kadarieu! Ieu buru loba hileud, urang rujak atawa urang kérécék wéh yu?” Bi
Enéng ngagorowok deui. Bari bibirigidigan ningali hileud nu sakitu lobana. Aya
nu ngagantung tina catang tangkal jambu,
aya ogé nu geus maluragan ka handap ka nu téras ema. Kuring nu keur motongan
kuku di jero imah tuluy nyampeurkeun.
“Aya naon bi? Meni asa rareuwas.”
“Tuh tingali hileud tina tangkal
jambu si Keling hideung nurustunjung, geus murudul deui waé, iiiihhhh!”
“Hiss ai bibi, naha kitu nyariosna?”
“Ah keun baé méh kadéngéeun ku nu
bogana. Méh geura sadar yén tangkal jambuna geus ngaganggu kana kahirupan
batur, puguh ai tangkalna sok buahan tuluy buahna dibagi-bagi mah, ieu mah boro-boro
ka buahan, daunna ogé beak, barolong dihakanan ku hileud jeung sireum. Ari aya
buahan ogé gening teu weléh digégél kalong!”
Kuring teu némbalan
lantaran ngarasa omongan bi Enéng aya benerna ogé, tangkal téh geus
mangtaun-taun hareupeun golodog ema, tapi tibatan méré mangpaat kalah ngarugikeun.
Imah ema jadi aleum, katutupan ku dahan tangkal jambu nu jangkungna geus
sapantar jeung loténg. Hileudna sok arasup ka jero imah, matak arateul. Daunna
ogé saban poé sok ngabalaan, teu isuk teu sore. Nepikeun ka ema mah sok cape
nyapuanana. Ari teu disapuan, éta daun sok mengpetan solokan, malah sok
ngabalukarkeun banjir. Karugian éta téh teu ngan ukur dirasakeun ku ema jeung bi
Enéng, tapi loba ogé nu sok ngadon kukulutus, lantaran ku ayana tangkal jambu
teu mangpaat. Indung kuring, wa Ayi nu imahna kiduleun tangkal jambu, wa Eulis,
wa Édéh jeung sakabéh warga nu sok ngaliwat ka jajalanan ngahaja dék menerkeun
cai ka girang atawa ngan ukur ngaliwat. Bongan caludih tangkal téh, hieum,
sakapeung mun peuting sok ngarasa sieun, asa kareueung nempona gé.
Ku kituna ema
nyobaan ngomong ka Bi Isar nu boga tangkal jambu, sangkan dituar. Tapi Bi Isar
embungeun, malah tisaprak ema ngomong, ayeuna Bi Isar jeung ema jiga nu wawuh
munding. “Pikasebeleun siah Kisar sia mah!” ceuk bi Enéng bari nyapuan hileud
nu geus maraju ka jero imah. Kuring mantuan maéhan hileud, ditincakkan maké sendal.
Bakating ku
kesel-kesel teuing, mang Iwan anakna ema nu pangais bungsu, henteu béak déngkak
nyieun siasat keur numpurkeun éta tangkal jambu. Dina hiji peuting, mang Iwan
jeung mang Idin ngaracik obat keur maéhan tangkal jambu. Salah sahiji bahan
dasarna nyaéta air keras, éta obat
dibanjurkeun kana akar jeung tangkalna bari susulumputan. Ditingali isukna éta
tangkal angger kénéh beleger, teu aya robah-robahna. Sugan buruk palebah
akarna, henteu wé gening. Éta siasat tuluy dilakonan unggal peuting, tapi
hasilna nihil. Hileud kadon beuki loba. Geus liwat bates ai kitu carana mah,
ema ngalapor ka pa RW. Pa RW nyobaan ngolo bi Isar sangkan nuar éta tangkal. Tapi
angger kénéh baé embungeun, kalah pa RW anu éléh adu omong.
Abong dasar
jelema rada eusleum, teu mikirkeun kaayaan batur, haré-haré wé batur rugi
lantaran kalakuan manéhna ogé. Égois
ceuk guru kuring mah. Jelema kitu mah biasana tara ditulungan ku tatangga lamun
ninggang di susah iwal ku dulurna. Bener pisan, saminggu ti kajadian adu omong jeung
pa RW, bi Isar tilar dunya, kabéntar ku gelap. Awakna tutung géhéng, buukna
heuras. Pikawatireun. Mun teu dihieuk-hieuk mah ku pa RW, moal aya nu daékeun
ngurus jasadna. Salila hirupna pikangéwaeun batur, sok lenger ka batur, judes
ka budak batur, omonganna teu diwengku, sok nyumpahan batur nu teu paruguh. Tara
ibadah-ibadah acan. Salian ti éta hirupna jorok, teu bisa ngurus manéh. Tapi tungtungna
aya nu ngurus jasadna nepikeun ka dikurebkeun. Da asa piraku jalma iman
ninggalkeun kawajibanna. Keun baé sual kalakuan jenatna mah jadi urusan
Pangéran.
Nalika dikurebkeun
loba kajadian nu ahéng. Tangkal jambu nu ngaganggu warga téh ujug-ujug roboh
jeung buruk palebah akarna. Daun-daunna ngararapung ka tempat jenatna dikurebkeun.
Salila keur dilkurebkeun ngecrek waé hujan. Teu loba anu ngalayad, ngan nu
dareukeut imahna hungkul jeung dulur-dulurna. Budakna nu bungsu jadi sakalor,
teuing kunaon. Sanggeus ngalayad, kuring ngariung jeung sakabéh dulur di imah ema.
“Rusiah Gusti Allah éta mah, angguran urang mah ibadah cing bener, nyaah ka
batur, boh ka nu jadi dulur atawa tatangga. Kudu bisa mihapékeun manéh ari
hirup mah!” Ema mapagahan incu jeung anakna nu keur ngariung di tengah imah
sanggeusna ngurebkeun jenatna bi Isar.
Lémbang,
6 Désémber 2013
Tidak ada komentar:
Posting Komentar