Twitter, salahsahiji jejaring
sosial atawa ramatloka anu keur booming atawa geunjleung dina danget ieu. Mimiti aya dina bulan Juli 2006, diadegkeun ku Jack Dorséy, salahsaurang pamekar
ramatloka jeung pangusaha ti Amérika Serikat anu kasinugrahan Innovator of the Year Award ku The Wall Street Journal dina taun 2008.
User atawa pamaké twitter bisa ngirim
jeung maca tweet dina wangun tulisan,
foto, atawa vidéo nepi ka 140 karakter atawa hurup. Eusi tweet-na rupa-rupa, aya nu ngahaja ‘curhat’, mosting jadwal kagiatan, foto kadaharan, lokasi user, ngobrol banyol, dagang atawa
promosi jeung réa-réa deui. User bisa
nga-update tweet-na ngaliwatan
internét boh tina komputer atawa tina HP, malah ayeuna mah geus usum Tablét.
Januari 2013, nu
maké
twitter di dunya geus aya kana lima ratus juta. Indonésia mangrupa salahsahiji nagara anu masarakatna loba pisan maké
twitter. Masarakat Indonésia nyumbang kira-kira 15% tina total tweets di dunya. Salian
ti éta, sok remen nyieun atawa nyiptakeun Trénding
Topic anyar dina twitter.
Kitu ogé urang Sunda, kiwari urang Sunda geus teu jaman deui gagap téhnologi atawa gapték dina
kahirupanana. Urang Sunda ogé geus ilubiung dina twitter. Geus aya sababaraha akun
twitter nu eusi tweet jeung mention-na pakuat-kait jeung Basa Sunda,
di antarana @Tarucing_Sunda @ComicSunda @KomediSunda
@cangehgarrr, salian ti éta aya ogé sababaraha user anu remen nga-tweet
atawa nga-méntion maké basa Sunda.
Lantaran up to date,
twitter bisa dijadikeun salahsahiji sumber data keur ningali sababaraha ‘fénoména’
kamekaran basa. Loba pisan ‘basa gaul’ anyar anu geus teu ahéng pikeun
‘masarakat gaul‘, di antarana Alay;
singgetan tina Anak Layangan, sok dibasakeun ka jalma anu kampungan atawa narsis kabina-bina. Lebay; singgetan tina berlebihan
atawa kaleuleuwihi, kecap lebay
mimiti populér dina taun 2006-an. Jayus;
dibasakeun ka jelema nu ngalawak tapi henteu pikaseurieun, kecap jayus populér dina taun 90-an tapi masih
dipaké nepi ka ayeuna. Garing; teu
lucu. Ménékétéhé; teuing teu nyaho, dipopulérkeun
ku Tora Sudiro dina acara Extravaganza TransTV dina taun 2000-an. Émbér; Émang kitu. LOL; singgetan tina Laugh Out
Loud anu hartina seuri nyakakak. BT/BÉTÉ;
singgetan tina Boring Total nyaéta
bosen. Krik; sora jangkrik, kecap nu
dipaké keur mairan nu ngabodor tapi henteu pikaseurieun. Mager; singgetan tina Males
Gerak atawa haroréam. Jamber;
singgetan tina Jam Berapa atawa jam
sabaraha. Caper; Cari Perhatian atawa néangan perhatian. GWS; Gét Wéll Soon atawa
geura cageur. PHP; Pemberi Harapan Palsu, dibasakeun ka
jalma nu méré harepan bari teu puguh tungtungna. Kode: sindir sampir, biasana sok dijieun hastag. NP/NW; Now Playing/Now Watching atawa ayeuna
keur maénkeun/lalajo. Puk-puk; kecap
nu sok dipaké keur ngupahan. KÉLEUS; kali atawa meureun. Macama; Sama-sama atawa
sawangsulna.
Loba kénéh basa gaul dina twitter anu teu kacatetkeun. Basa anu
kalintang gancangna mekar di masarakat. Teu saeutik basa anu asup kana gejala
sosiolinguistik, diantarana alih kode, campur kode, jeung pergéséran makna.
Salahsahiji contona nyaéta sababaraha postingan
akun @ComicSunda anu populér di masarakat lolobana maké basa campur kode:“da aku mah apa atuh”; “pengorbanan aku ke
kamu itu lebih banyak, dia mah mencét tombol follow sekali, aing mah dua kali, tapi
kamu kalangkah ambek..” (Jum’at, 8 Agustus 2014 04.05); “mungkin cuman aku yg pas makan terus
kerupuk murag langsung nyeri haté” (Kemis, 7 Agustus 2014 01.05).
Ayana twitter, dipiharep bisa méré sisi positif nu leuwih
punjul atawa mangpaat keur masarakat Indonésia, pangpangna dina widang basa.
Geus puguh deui ari dina widang téhnologi mah, malah geus mantuan pisan kana
kamajuan masarakat.
Lémbang, 9 Agustus 2014
(kantos dimuat dina majalah Mangle edisi September 2014)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar