Novél Sunda mangrupakeun salah sahiji karya sastra anu
nepi ka danget ayeuna méré mangfaat loba ka sakumna urang Sunda, utamana lamun
urang narawang tina widang atikan. Sababaraha fakultas sastra di unggal kampus
di Bandung, utamana jurusan Sastra Daerah tangtu remen pisan aktifitas kuliahna
pakuat-kait jeung novél Sunda. Sababaraha sakola boh SMA boh SMP geus tangtu
aya pangajaran karya sastra Sunda dina mata pelajaran Bahasa Sunda, sanajan
taun 2012 kamari aya wacana yén kurikulum pendidikan 2013 baris ngahapus
pangajaran bahasa daérah anu antukana mah pangajaran bahasa daérah di sakola
dijadikeun pelajaran mulok anu durasi pangajaran sapoéna ukur sajam.
Kaalaman ku kuring nalika keur SMP kénéh, sok
pangresepna tur pangsegutna lamun guru basa Sunda geus méré pancén ngarésénsi
atawa néangan unsur intrinsik novél Sunda, salian ti ngembangkeun daya
imajinasi urang salaku siswa, maca novél Sunda méré pangaruh loba kana tingkat
kacerdasan sosial, sabab karya sastra némbongkeun gambaran kahirupan anu
kahirupan éta téh mangrupakeun salahsahiji kanyataan sosial atawa ngagambarkeun
kahirupan sakongkrit-kongkritna sanajan henteu digambarkan sacara detil.
Pilihan-pilihan kalimah anu dibungkus ku kamoénésan pangarang dina ngarang
novél méré daya tarik anu unik keur para penikmat novél Sunda.
Maca novél Sunda lir muka jandéla tur méré jembatan
keur kuring sangkan nyaho kana tokoh jalma panggoréng patut-goréng patutna bisa
nyandung ka nu geulis tur beunghar, éta kajadian anu saméméhna can pernah
dipanggihan ku kuring di dunya sabenerna. Atuh dina dunya sabenerna di jaman
ayeuna mah bisa waé jalma goréng patut meunangkeun anu geulis kacida, asal
dipuruluk ku harta anu henteu saeutik. Ari dina carita Rasiah Nu Goréng Patut yasana Sukria jeung Yuhana mah nyaritakeun Karnadi si anémer bangkong, jalma anu miskin,
boga pamajikan jeung budak, bisa nyandung ka Eulis Awang awéwé anu geulis
kacida. Goréng patutna Karnadi mangrupakeun kajadian enyaan, lain kajajadén
jiga carita Lutung Kasarung anu mandi di leuwi tuluy leungit rupa goréng
patutna alatan nandangan cocoba di leuweung anu rupa kasépna leungit sababaraha
harita. Yuhana jeung Sukria ngagambarkeun Karnadi dina novélna ku kalimah anu
basajan tapi déskriptif. Karnadi digambarkeun "pendék gedé, dédépé, kulitna hideung kuleuheu,
beungeutna garicu,..panonna
bolotot, cukang irungna demés, tungtung irungna nambru, halisna pitak sabeulah,
sungutna rubak, biwirna karandel, huntuna baradag, tarangna rubak méh satengah
sirahna, turug-turug ana leumpang sok képoh jeung rada déog deuih..."
Ku modal ngalajur napsu
tur tupa-tipu jeung gedé wadul ka Eulis Awang, kolotna Eulis Awang jeung
pamajikan tur budakna, antukna dina ahir carita, Karnadi malidkeun manéh ka
Citarum. Cindekna geus goréng patut téh goréng milik deuih, alatan manéhna
henteu ngukur kana kujur, henteu nampa kana nikmat Pangéran. Goréng lalampahan
anu sakuduna ulah diturutan.
Jatinangor, 13 Agustus
2015
Tidak ada komentar:
Posting Komentar