Panon poe luhureun embun-embunan
laun-laun nyumput tukangeun
méga hideung nu aleum.
Tabuh opat, tos wayahna kedah nutup
wangkongan.
Hamo ingkah. Rasa kangen nyaliara jadi
kangker na jero dada.
Rangseb ngerekeb.
Clak, clak, clak, langit cimataan.
Cikeruh,
21 April 2104
Tidak ada komentar:
Posting Komentar