Sanggeus
macaan sawatara karya Godi Suwarna, henteu weléh absurd waé, suréalis. Saperti
Uwak-Awik, salah sahiji carponna dina buku kumpulan carpon Sawidak anu dipedalkeun ku PT. Manglé Panglipur dina taun 1986. Godi
miboga imajinasi anu henteu biasa. Kréatif
naker. Ngagambarkeun golék anu bisa ngaromong boh jeung sasamana, boh ka
jelema. Tangtu moal kapikir ku urang, golékna Ki Dalang pabalatak di dapur tur
dicaritakeun bet bisa nginum cikopi, udud jeung ngadahar bubuy sampeu sagala.
Logikana éta golék téh urut anyang-anyangan budakna anu tungtungna bacacar aya
di dapur.
Golék baruntak,
geus bosen diwayang-wayang ku Ki Dalang. Arjuna anu sanajan mindeng dimeunang-meunangkeun
dina lalakonna, saenyana ngarasa teu téga mun kudu nonjokan sasama golék. Kitu
deui bangsa Buta, teu sudieun kudu kéokan saumur-umur, ngarasa
diheureuykeun.
Godi nulis
carpon maké gaya puisi anumana tujuanna ngungkabkeun sacara teu langsung.
Carita-carita kiasan samodél wayang golék mangrupa bentuk kiasan yén
manusa mah di dunya ukur hirup darma wawayangan. Susah-senang, salah-bener,
alus jeung goréngna sakabéh gé ngan cacaritaan Ki Dalang anu minangka takdir
keur sakabéh manusa. Ki Dalang téh nya pangéran téa, Gusti Allah. Éta makna téh
sakur pamanggih kuring kana eusi carita. Wallahu’alam ari maksudna Godi dina
éta carita hayang nepikeun naon anu sabenerna mah.
Kudu remen
pisan maca sangkan urang bisa ngajén karya sastra. Matak kuring ukur bisa
ngaaprésiasi semet dieu, susuganan dina karya salajengna langkung jembar tur
mekar.
Jatinangor, 2015
Tidak ada komentar:
Posting Komentar