Minggu, 16 Agustus 2015

Carpon: Pati


Geus rék tengah peuting, aya kana jam sabelas jigana mah. Kuring kokoréh kana kantong néangan HP, gap HP kacepeng, rét nempo jamna, heueuh geuning, geus jam satengah duabelas. Satengah jam deui kana waktuna balik. Kieu da ari nasib jadi SPG mah, moal cukup waragad mun teu daék gawé ngalembur. Cacakan kuring awéwé gé, ari keur butuh mah nya kapaksa unggal poé kudu balik tengah peuting, iwal ti malem Salasa, da puguh kuring ménta peré digawéna poé Senén. 
Sanggeus konter barérés tur beresih, kuring jeung si Eka babaturan shift gawé langsung balik ka kontrakan. Teu balik ka imah lantaran jauh, jaba geus peuting. Palaur di jalanna, jaba di kota mah ayeuna téh keur usum géng motor. Matak pikahariwangeun kolot. Ema geus apaleun yén kuring balikna ka kontrakan waé, geus bébéja ti anggalna, lamun kuring ngalembur tangtu moal balik ka imah, kajaba lamun kapépét geus beak baju jang salin. Horéam kudu ngalondri mah, lantaran mahal ngalondri di kota mah. Anu matak lamun balik sok mekel seuseuhan, kajeun diseuseuh di imah dina mesin cuci nu ema. Tangtu hasilna gé bakal leuwih beresih meunang nyeuseuh sorangan batan ngalondri mah. Ari seuseuhanna biasana mah nya saragam gawé kuring wé anu unggal poé kudu gunta-ganti, poé Salasa maké saragam kaméja warna kayas jeung calana sepan hideung, poé Rebo maké kaméjana sasetél jeung rokna warna biru, poé Kemis maké batik nu corakna warna konéng, Jumaah maké kaméja warna beureum, Sabtu jeung Minggu mah rada geunaheun lantaran make kaos warna héjo jeung bodas, teu pati hareudang teuing. Salian ti saragam gawé, ogé sok mawa salin jang saré atawa ari butuh jang ulin. Leuheung ayeuna mah gawé téh najan lembur nepi peuting waé gé bisa kénéh ulin, lantaran kuring gawéna kabagéan shift jam tilu soré. Geus matuh jam sakitu salila tilu bulan. Jadwal shiftna bisa ménta ganti lamun kuring geus gawé salila sataun di éta tempat. Ari tempat gawé kuring pernahna di Bandung. Di salahs ahiji Mol élit, di Paris Van Java. Kuring gawé di konter dompét, beubeur, jeung tas anu bahanna tina kulit. Sapopoé papanggihna jeung jalma-jalma élit hungkul. Loba customer nu ti luar kota, komo ti Jakarta mah. Balanjana ogé tara kagok, rata-rata kana puluhan atawa ratusan juta. Kuring mindeng ogé ngaladangan artis nu balanja ka dinya.
Pernah sakali mangsa aya artis lalaki anu kasép kabina-kabina datang ka konter kuring. Kacida bungahna nempo paroman anu sakitu kasépna, dedeganna jangkung jeung tegep. Sukuna lenjang make calana jeans warna biru dongker. Awakna begang, tapi ngeusi. Katambah manéhna make kaos  warna hideung anu aya kerahan polét bodas. Éta kulit leungeun jeung beuheungna anu katémbong téh kacida beresihna, bodas, sawarna jeung beungeutna, henteu belang saeutik-saeutik acan. Gadona méncos. Barang manéhna jol ka konter, teu weléh gelenyu waé. Matak kareueut lamun nempo biwirna nu amucuy. Irungna mancung leutik, bangir ceuk ema mah nu kitu téh. Panonna rada sipit, palebah bobodasanna mani beresih pisan, hérang, kawasna mah bisa dipaké jang ngeunteung. Kornéa panonna warna hideung. Halisna rada kandel, mantes jeung tarang. Kulit beungeutna mani limit. Buukna lempeng tur gomplok, digolep.
Kuring kacida resepna ka éta artis, lian ti alus rupa ogé alus budi. Ka kuring petana bageur pisan, cacakan ka SPG. Lamun nempo paromanna ieu haté kacida ser-seranana, teu walakaya. Matak noroktok tuur. Komo lamun geus nanyakeun barang-barang anu rék dibeulina, ah, moal katulungan éta kasépna euweuh nu nyaingan. “Mba, kalo sabuk yang ini ada warna yang lain yang lebih gelap?” Tanya manéhna. Kuring rada lila dék pok téh lantaran ieu biwir asa kakonci ku deg-degana ieu haté. “Eu, eu, tunggu sebentar mas, saya cari dulu.” témbal kuring arapap-eureupeup. “Oh ia mba saya tunggu.” Manéhna mairan bari ngagelenyu.
Sanggeus meunangkeun beubeur nu dipikahayangna, manéhna teu langsung indit. Kadon nyampeurkeun deui ka kuring tuluy pok “Maaf mba, boléh saya minta nomor HPnya atau pin BBnya?” Gebeg haté kuring kacida reuwasna,  asa bungah tur teu percaya, lalaki nu dipikaresep ménta nomer HP. Meureun bisa jadi babaturan, meureun bakal jadi salaki, meureun bagja, meureun ah, pokona bungah. “Ia mas, émangnya ada apa ya” kuring mairan sabari samar polah. “Oh engga apa-apa mba, cuman péngén kenal aja, boléh kan saya minta?”
Harita poé mimiti kuring papanggih jeung kabogoh kuring di tempat gawé. Ayeuna geus aya kana dua bulanna kuring bobogohan jeung manéhna. Resep, manéhna bageur. Bisa narima kaayaan kuring nu sakieu-kieuna. Anu ngan saukur SPG. Ti saprak jadi kabogohna, kuring nyebut manéhna aa. Henteu mas deui, manéhna ka kuring nyebut enéng.
Sanajan boga kabogoh sakitu bageur jeung beungharna, kuring tetep manggih katugenah. Babaturan si aa anu sarua artis, teu panuju pisan lamun manéhna bobogohan jeung kuring. Dalah di kumaha ogé apan manéhna jeung kuring mah bédana jauh pisan. Manéhna artis nu beunghar sagalana, kuring ngan saukur SPG nu saaya-aya. Tapi kapan ari nu ngarana cinta mah sok teu kaduga, ninggang ka jalma nu kumaha-kumaha waé. Nu teu boga imah sapopoéna saré di jalan gé boga hak pikeun ngarasakeun kumaha éndah jeung teu éndahna cinta.
Mangkukna éta babaturan si aa datang ka konter kuring, judes kabina-kabina, ngahaja datang keur ngomongan kuring, nitah sangkan kuring ulah deukeut deui jeung si aa. Omonganana seukeut, matak nyelekit kana haté. Kuring teu bisa kukumaha, lantaran kaayaan kuring harita keur jadi SPG nu kudu ngalayanan costumer sahadé-hadéna.  Malah mah maksa ngancem dék nyulik lamun kuring masih kénéh jeung si aa. Kuring teu bébéja ka si aa. Ngan sakur dipikiran ku sorangan, kudu kumaha kahareupna. Ceunah ku ayana kuring téh di kahirupan si aa matak ngarusak réputasina. Ngarusak pagawéanana. Padahal kolot si aa mah geus panujueun. Da harita kungsi ka imah si aa. Indungna bageur pisan, sok SMSan malah mah jeung kuring gé. Pédah wé ieu mah babaturan deukeutna ti leuleutik, matak kitu gé meureun nyaah ka si aa. Embung babaturanna manggih kasusah lantaran bobogohan jeung SPG jiga kuring.
Kuring balik ka kontrakan kana motor. Éka mah kontrakanna jauh ti kontrakan kuring. Balik bareng téh ngan semet lampu mérah. Kuring méngkol ka béh kénca, manéhna mah lempeng. Peuting ieu jalan ka kontrakkan asa tiiseun, teu jiga biasana, hawa tiris nyelecep pisan kana tulang. Padahal geus dua rangkep maké baju haneut téh. Kontrakan ti tempat pagawéan kuring jauhna aya kana dua kilo. Barang tepi ka hareupeun gerbang kontrakan, ujug-ujug aya sora motor anu gandéng. Teu dipaliré, da meureun jalma nu biasa ngaliwat éta mah, bonganna kontrakan téh milih sisi jalan.
Barang mukakeun konci gembok gerbang, teu kadéngé sora léngkahna, kuring ngagebeg, reuwas, ujug- ujug aya leungeun jeung saputangan anu buru-buru ngabekem irung jeung baham kuring. Bau kacida, lieur, eungap.
Katémbong aya ema, bapa jeung adi kuring, Dian, ngagupayan di sisi jalan. Teu lila ema ceurik, gogorowokan malah. Kuring hayang nyampeurkeun, tapi awak asa aya nu metot. Teu bisa nyampeurkeun ema.
Hawa beuki tiis. Palebah sirah asa beurat, lieur henteu, tunduh gé henteu. Poék. Tiris. Sieun. Eungap. Bray caang. Poék deui. Barang bray caang deui, kuring ujug-ujug aya di jero imah. Tapi naha meuni ramé, loba sémah keur ngaraji. Aya si aa ogé di imah. Naha apaleun imah kuring? Apan si aa mah can kungsi dibawa ka imah. Aya ema keur aniprek bari ceurik sesegrukan. Barang ras ka tengah imah, aya nu keur ngalungsar nyangirah ngulon, ditutupan ku samping. Hayang nyaho éta saha, kuring nanya ka ema tapi ema teu némbalan, jiga nu teu ngadéngé kuring nanya. Moal enya bapa kitu éta téh? Panasaran, buru-buru ku kuring dibuka samping lebah sirahna. Gebeg téh, naha éta mah kuring? Moal enya kuring geus teu bisa nanya ema deui? Moal enya kuring kamari dipaténi ku nu ngaliwat hareupeun kontrakan?

            Lémbang, 17 Juni 2014

Tidak ada komentar:

Posting Komentar