Carita pondok Geus Surup Bulan Purnama karya Yous Hamdan anu dimuat dina buku Sawidak Carita Pondok, PT Mangle
Panglipur, 1983 eta carpon diraeh deui ku Hadi AKS jadi naskah dramatisasi
carpon pikeun kaperluan pagelaran. Dina sastra Sunda dramatisasi teh kaasup
barang anyar. Gelarna kakara dina taun 1970-an minangka pangaruh tina sastra
deungeun. Wangun operet anu geus lila hirup dina sastra deungeun tuluy hirup
dina sastra Indonesia, disebutna dramatisasi, anu harita mimiti dipopulerkeun
ku Remy Sylado saparakanca jeung ku kelompok teater STB di Bandung. Ti dinya
bisa jadi asal-mulana ieu wangun pagelaran tuluy tatalepa sarta hirup dina
sastra Sunda. Dina pertengahan taun 70-an Yus Rusyana saparakanca anu
ngadegkeun Liga Drama Bumi Siliwangi di kampus IKIP, milu mopulerkeun wangun
dramatisasi. Harita kungsi dipagelarkeun “Wangsit Siliwangi” (Wahyu Wibisana),
“Ngadagoan Si Jabang” (Yus Rusyana), jsb. Ti harita pagelaran dramatisasi teu
kungsi kadenge deui. Kakara aya deui dina taun 1992, anu dipagelarkeun ku Godi
Suwarna dina Pesta Sastra Sunda taun harita. (Hadi:47:2004). Jaman kadieunakeun
dramatisasi sok remen dipagelarkeun ku barudak SMP atawa SMA, sakapeung sok aya
ku mahasiswa.
Dina naskah dramatisasi carpon Geus
Surup Bulan Purnama ieu digambarkeun kaayaan Bilal anu kacida raheut batinna,
raheut atina sabab dikantunkeun pupus ku Kanjeng Rasul Nabi Muhammad s.a.w.
Biasana parantos sering kakuping sajumlah riwayat anu nerangkeun kajadian demi
kajadian nu kaalaman ku Kanjeng Rosul; -ti ngawitan babarna, isro mi’rajna,
hijrahna, tug dugi ka lalakon perjoanganana di medan-medan perang. Nanging
peristiwa pupusna Kanjeng Rosul, alum nguyungna para sahabat jeung langit
Madinah harita, sok luput tina implengan urang. Suasana ieu pisan, suasana
nalika Kanjeng Rosul pupus, anu diasongkeun ku ieu naskah dramtisasi. Pikiran
jeung rarasaan urang dibawa ka hiji mangsa, hiji tempat nu kahalang ku anggang
waktu rebuan taun, nyaeta bumi Rasululloh, suasana alumna para sohabat, juuhna
cimata, sareng Bilal nu nyuuh, kalebuh dina kasedih jeung kapeurih batinna.
Carita ieu leuwih nitik beuratkeun ka tokoh Bilal nyaeta muazin Rasul dina
jaman harita anu kapercaya nyekel al-khumus, saperlima bagian Rosul, yati,
miskin, jeung ibnu sabil tina harta rampasan perang. Anjeunna kacaritakeun
nyuuh, leungiteun pisan nalika dikantunkeun ku Rosul dugi ka tungtung carita
Bilal hamo adan pikeun sing saha bae, salian ti Rasululloh.
Sumber/Referensi: Panggelar Sastra
karya Hadi AKS, Penerbit: Pamulang-Tangerang, Tahun 2004
Tidak ada komentar:
Posting Komentar