Senin, 24 Agustus 2015

Kuduna Dierém Kalah Disalénggorkeun

Kacida reueusna sanggeus kuring maca carita pondok anu aya pakuat-kaitna jeung ngamumulé titinggal karuhun. Teu ngabibisani, kuring kabawa ngaguluyur kana eusi carita. Tapi sanggeus namatkeun maca, aya sawatara eusi carita anu ngahudang kuring sangkan ngiritik kana éta carita.
Saméméhna kuring can kungsi ngiritik hiji karya sastra kalayan daria. Teu kumawantun pisan, dalah dikumaha, sanajan enya kuring téh mahasiswa sastra Sunda, ngarumasakeun manéh pangaweruh téh can nepi ari kudu kana ngiritik mah. Ieu mah sakur sawangan atawa koméntar kuring salaku nu maca salah sahiji carpon karya Mamat Sasmita. Aya sawatara hal anu kapanggih anu karasa kurang merenah dina carpon “Nini Jumsih Tutunggulan” Tribun Jabar 18-20 Agustus 2015.
Anu kahiji, ieu carpon téh sakuringeun mah asa ngayayay teuing. Nu ngarang kacida pogot pisan dina ngaatrakeun karakter Nini Jumsih, ngan ari palebah karakter tokoh anu séjén, jigana mah teu pati seukeut. Upamana baé dina ieu padalisan:
“Najan buuk geus camutmut bodas tara kaciri rewag-rewig, éstu limit siga nu kakara nyisiran. Matak pantes urang dinya loba nu nyebut nini Jumsih mah turunan ménak..”
Asa teu kudu diémbohan deui ku cacaritaan
“..aya deuih nu sok rada sirik, majarkeun moal enya turunan ménak ngaranna Jumsih atuh sahenteuna kudu make Nyimas..”
Lantaran ku kalimah jeung pada saméméhna gé geus kaerong pisan yén karakter nini Jumsih téh jiga pisan turunan ménakna anu sarwa beresih tur apik dina sagala rupana. Cék Adang S. dina bukuna Diajar Ngarang Carita Pondok (2012: 58) pangarang mah ngan kudu bisa milih nu parentingna waé, teu kudu sagala dibéjérbéaskeun bisi jauh-jauh panjang gagang. Sabab ari cék kuring mah carita anu ngajak mikir tur ngajén kana eusi carita sangkan nu maca tumuwuh kapanasaranna téh leuwih hadé. Tapi hal éta téh éstu kamalum pisan lamun ningali kana udagan pangarang sangkan bisa nyumponan jumlah karakter keur minuhan kolom kaca.
Béda jeung tokoh Sekertaris Désa anu minangka nu ngarang kurang seukeut dina ngagambarkeun karekterna. Dina sawatara guneman antara nini Jumsih jeung Sekertaris Désa katémbong pisan yén Sekertaris Désa téh karakterna dijieun tog mol pisan dina cumarita, utamana ka pantar nini-nini, taya undak-usuk basana. Upamana dina ieu guneman:
“Nini ari saung lisung téh nu nini?”
“Sanés, nun.”
“Ari tanahna nu nini?”
“Sanés. Saung lisung sareng tanahna sadayana gé nu urang lembur”
“Euh..nu nagara atuh ari kitu mah”
Meureun ari ti dituna mah ngahaja ambéh karakter Sekertaris Désa téh kataksir pohara pikasebeleunnana. Tapi sakanyaho kuring, sanajan ayeuna geus jaman modéren, tapi ari adat urang Sunda mah biasana lamun cumarita téh sok malapah gedang, lantip. Katurug-turug sakuduna ari pantar Sekertaris Désa mah pohara boga atikan anu leuwih ti nu tokoh nu séjén, tangtu bakal ngaheulakeun kasopanan dina ucap, laku jeung lampahna, komo ka nu leuwih kolot, sakuduna mah hadé gogog hadé tagog.
Anu kadua, aya pada anu cék kuring mah Mamat téh kurang merenah palebah nyimpenna. Utamana dina palebah nutup carita. Aya pada anu sakuduna geus nutup carita, tapi kalah disalénggorkeun deui ka nu caritaan nu séjén nu matak henteu pati beunang amanat eusi caritana. Lir sapédah nu keur tarik mangprung, tuluy kuduna mah dierém lalaunan da geus dék nepi ka nu dituju, ieu mah kalah disalénggorkeun stangna, atuh tungtungna mah henteu nepi ka tempat anu dituju. Tah, cik urang ilikan geura.
“Lain, birit lisung téh enya-enya aya tulisan ulah diruag? Cék Punduh nanya ka Jang Sabri.
“Enya, da kuring kungsi maca, basa aya mahasiswa nu hayang nyaho birit lisung, terus ditonggéngkeun, didinya écés aya alif, wau, lam iya jeung ha tuluy dal iya ro wau jeung gin ngan siga enun.”
“Baruk kitu Jang Sabri, mama mah kakara nyaho aya lisung unggah ka gedong, ngamumulé kitu téh nyah?” Cék mama Jakarsih, imam masjid nu teu kanyahoan ti iraha ngadéngékeunana bari terus unggah ka masjid, pédah kohkol geus ngurulung tanda geus manjing magrib. Cék gerentes haté Mama Jakarsih boa-boa Jang Sabri salah maca, kuduna dibaca Oléh Dirwan lain Ulah Diruag, kapan kalan-kalan nulis Malangbong gé ku aksara Arab teu dirarangkénan mah sok dibaca Maling Bawang”
Nyawang kana taksiran amanat anu hayang ditepikeun ku nu ngarang téh nyaéta kacida haré-haréna jalma jaman ayeuna kana ngamumulé salah sahiji pancarakén urang Sunda lisung anu ulah pisan diturutan. Atuh dina bagian nutup carita bet kalah nyaritakeun sangkaan mama Jukarsih yén Sabri téh salah maca tulisan anu aya dina birit lisung, malahan mah dibodorkeun tungtungna.
Cék kuring, bakal leuwih waas pikeun nu maca lamun bagian pada keur nutup carita téh mending ku guneman mama anu ngan semet “Baruk kitu Jang Sabri, mama mah kakara nyaho aya lisung unggah ka gedong, ngamumulé kitu téh nyah?” Cék mama Jakarsih, imam masjid nu teu kanyahoan ti iraha ngadéngékeunana bari terus unggah ka masjid, pédah kohkol geus ngurulung tanda geus manjing magrib.”
Atawa bakal leuwih keueung deui lamun ditutupna ku pada “tuluy ngadongéngkeun waktu ningali Sekertaris Désa di lembur séjén keur ngunggah-ngunggahkeun lisung kana genepna. Cenah éta téh setorkeuneun ka Bandar lisung di Bandung. Majar di Bandung mah lisung téh mahal hargana, dijual keur hiasan, diteundeun di pelataran hareupeun gedong sigrong, cenah éta téh ngamumulé titinggal karuhun.”
Nu maca tangtu bakal bisa nyindekkeun yén ukur neundeun lisung di pelataran hareupeun gedong sigrong téh teu pisan-pisan kaasup ngamumulé titinggal karuhun. Lir buah meunang meuli, dék didahar téh tangtu henteu dipangmesékkeun ku tukang dagangna. Nu maca hiji karya gé tangtu bakal mesék eusi jeung amanatna sanajan teu dibéjérbéaskeun ku nu ngarangna. Papadaning kitu, aya tarékah hade ti nu ngarang, sangkan mawa nu maca carita ngaguluyur kana eusi carita. Ngingetan yén ngamumulé titinggal karuhun téh pohara pentingna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar