Minggu, 16 Agustus 2015

Kritik Sastra: Katumbiri jeung Régenerasi

Sastra Sunda mekar marengan jaman ti mangsa ka mangsa.  Masarakat Sunda tangtu ulah béakeun déngkak keur nanjeurkeun kabudayaan khususna dina widang kasusastraan. Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Provinsi Jawa Barat (Disbudpar Jabar) mangrupakeun salah sahiji instansi nu boga pancén pikeun ngokolakeun widang kabudayaan, ngamumulé, tur ngajembarkeun seni jeung sastra Sunda di Jawa Barat. Kitu deui para ahli dina widang sastra Sunda kudu bisa ngarojong pikeun ngaronjatkeun ajén-inajén sastra Sunda. Tarékah Pamaréntah Provinsi Jawa Barat dina raraga ngamumulé sastra daérah (Sunda) parantos diréngkolkeun dina Perda No.5 Taun 2003. Dina taun 2013 medalna buku Katumbiri: Antologi Puisi Sunda mangrupakeun salah sahiji tarékah Disbudpar Jabar dina migawé pancénna nyieun wadah atawa media pikeun ngagedurkeun semangat para ahli utamana keur para panyajak Sunda sangkan bisa ngaronjatkeun kreativitas jeung karyana dina nyajak. Panyajak nu lebet dina Katumbiri téh ngan 20 urang, dipilih panyajak anu kantos kénging hadiah boh ti lembaga pamaréntahan boh ti lembaga kasundaan. Nu kasinugrahan dina midangkeun karyana nyaéta Acép Zamzam Noor, Ari Andriansyah, Chyé Rétty Isnéndés, Darpan, Dédy Windyagiri, Déni Ahmad Fajar, Dhipa Galuh Purba, Dian Héndrayana, Dyah Padmini, Étti R.S., Godi Suwarna Hadi AKS, Inda Nugraha Hidayat, Lugiena Dé, Nazarudin Azhar, Rosyid É. Abby, Sarabunis Mubarok, Soni Farid Maulana, Toni Lesmana jeung Yous Hamdan. Tarékah ieu kaitung saé pisan dina ngawujudkeun konsistensi sawatara panyajak Sunda nu ngagaduhan préstasi karancagéan. Hanjakalna panyajak nu karyana dipedalkeun téh ngan éta-éta deui nu kasebut geus boga ngaran jeung eksisténsi dina dunia nyajak. Upamana sakali mangsa panyajak-panyajak anyar dibéré rohangan media jeung kasempetan pikeun ngréasikeun karyana keur dipintonkeun ku pamaréntahan tangtu sim kuring bungah pisan, upamana dina milih panyajak nu baris dipedal dina Katumbiri éta diseléksi ngaliwatan pasanggiri nyieun sajak, atuh lamun lain panyajak nu alanyar dék kusaha deui engké budaya sastra Sunda dimumulé mun panyajak nu heubeul tos teu araya? Kapan kudu aya regenerasi dina éksisténsi panyajak Sunda téh.
Ditilik dina wujud buku Katumbiri, beuki kadieunakeun beuki irit waé bahan kertas nu digunakeun. Buku téh salah sahiji sarana pikeun ngadokuméntasikeun karya atawa naon-naon waé anu dianggapna penting. Komo deui Disbudpar tangtu ngabogaan ‘persiapan’ pikeun ngawujudkeun salah sahiji programna dina ngokolakeun kasusastraan daérah nyaéta nu rutin medalkeun buku kasundaan. Lebar pisan upamana karya-karya pinunjul dipidangkeun dina wujud buku nu basajan atawa dihandap standar, minimalna éta jilid buku jeung kertasna milih bahan anu henteu babari rikes. Éstuning bungah pisan kalayan mere sumanget nu leuwih pikeun nyajak boh nu maca keur ngaaprésiasi tarékah Disbudpar dina ngaronjatkeun ajén-inajén kasusastraan Sunda. Karya sastra téh nyieunna henteu babari, sim kuring miharep kapayunna Disbudpar atanapi lembaga pamaréntahan nu lian tiasa langkung ngaaprésiasi karya-karya pinunjul sangkan éksisténsi jeung sumangat pangarang tuluy ngagedur teu pareumeun obor boh nu heubeul boh nu anyar. 

2013




Tidak ada komentar:

Posting Komentar