Naskah drama Bon
Manusia Bin karya R. Hidayat Suryalaga (1993) minangka kanyaah anjeunna pikeun awak-awak
Téater sunda Kiwari, Daya Sunda, Téater Pamass, Pénusa, Sarumah Tangga jeung
sakumna Ki Sunda. Sarimbag jeung karyana nu geus leuwih tiheula gelar, nyaéta
Cempor, Kuring, Carem jeung Tambang. Mangrupa wanda drama anyar anu medar
éksisténsi manusa jeung budayana, anu salawasna aduregeng jeung pangaruh
éksternal. Jumlah tokoh aya dua belas, nyaéta Aki, Nini, Awéwé I jeung II,
Lalaki I jeung II, Banci I, II, III jeung IV, Rahayat jeung nu Lalajo.
Dina naskah digambarkeun dua alam anu patukang tonggong,
nyaéta alam buhun jeung alam modern. Nuansa alam buhun ditepikeun ngaliwatan
tokoh Nini jeung Aki. Di dinya teu weléh ngagambarkeun nilai-nilai kasundaan
anu geus mulai tumpur di lingkungan masarakat modéren. R. Hidayat boga
kahayang sangkan alam buhun divisualisasikeun sacara sampurna. Aya adegan Aki
jeung Nini patémbal-témbal mantun. Aki maca lontar bari dipirig ku kacapi,
diregepkeun ku anak incuna nepi ka pancakaki anu panghandapna.
Demi dina alam modern, dipaénkeun ku tokoh Awéwé jeung
Lalaki anu geus kapangaruhan ku budaya deungeun. Awéwé merankeun ungkluk anu
geus umuran jeung anu ngora. Lalakina merankeun pamuda anu kacirina osok
ngalajur napsu.
Isi naskah mangrupa babandingan antara dunia buhun jeung
dunia modern. Digambarkeun manusa anu kalakuanna ngajirim kawas sato. Teu boga
étika jeung moral. Indikasi morosotna moral mangrupa dampak tina can siapna
masarakat urang narima arus globalisasi. Kaimanan jeung katakwaan anu ku
karuhun ti baheula teu weléh tuluy dipelak keur anak incuna masih kénéh can
tumuwuh dina sakumna diri Ki Sunda. Antukna, masarakat ayeuna teu bisa nyaring,
milih tur milah kabudayaan deungeun anu tuluy mangaruhan.
Sawatara naskah drama karya R. Hidayat miboga makna
filosopis. Loba simbol-simbol anu dilarapkeun kana unsur drama. Saperti adegan
painjeum-injeum konci toilet. Awéwé jeung awéwé atawa jeung lalaki tuluy
silihgenti nyimbolkeun séks bébas anu geus narajang di masarakat.
Cindekna, R. Hidayat boga kahayang pikeun ngélingan
sakumna Ki Sunda sangkan ulah poho kana budaya sorangan. Lamun urang geus boga
cecekelan atawa dasar, budaya deungeun anu boga pangaruh negativ moal nepi ka
narajang mangaruhan urang.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar