Isuk demi isuk
dibaturan ku hariring peuting nu jempling.
Dipapag mesin-mesin
tambaga nu satuluyna nyorang jalan panjang.
Réwuan tangkal
ting garupay.
Awak nu lungsé
satemenna nuturkeun kalangkang.
Moro rohang
kelas nu hérang ngagenclang.
Handapeun
lalangit gedong rangkebong, kuring anteng.
Milihan kecap
demi kecap, prosa demi prosa,
sangkan bisa jadi
kalimah, jadi paragraf, jadi carita.
Beurang demi
beurang dipayungan sakebing langit cangra.
Kuring
leumpang nuturkeun tangkal demi tangkal, gedong demi gedong.
Néang cahaya
demi cahaya.
Sumujud ka nu
nyiptakeun diri, sumebrah pasrah ka nu méré rasa.
Layung demi layung témbong deui.
Nu arindit baralik deui.
Aya nu jaradi patung.
Aya nu sidéngdang dina ruhay rébuan catetan lalampahanna.
Aya nu tuluy nangtung hareupeun eunteung.
Aya nu ambekanna tuluy ngahégak, ngudag langit, ngudag
impénan.
Aya nu diuk nangunjar tur nyarandé dina tangkal nu kacida
iuhna.
Jatinangor, Désémber 2013
Tidak ada komentar:
Posting Komentar