Senin, 24 Agustus 2015

Kuduna Dierém Kalah Disalénggorkeun

Kacida reueusna sanggeus kuring maca carita pondok anu aya pakuat-kaitna jeung ngamumulé titinggal karuhun. Teu ngabibisani, kuring kabawa ngaguluyur kana eusi carita. Tapi sanggeus namatkeun maca, aya sawatara eusi carita anu ngahudang kuring sangkan ngiritik kana éta carita.
Saméméhna kuring can kungsi ngiritik hiji karya sastra kalayan daria. Teu kumawantun pisan, dalah dikumaha, sanajan enya kuring téh mahasiswa sastra Sunda, ngarumasakeun manéh pangaweruh téh can nepi ari kudu kana ngiritik mah. Ieu mah sakur sawangan atawa koméntar kuring salaku nu maca salah sahiji carpon karya Mamat Sasmita. Aya sawatara hal anu kapanggih anu karasa kurang merenah dina carpon “Nini Jumsih Tutunggulan” Tribun Jabar 18-20 Agustus 2015.
Anu kahiji, ieu carpon téh sakuringeun mah asa ngayayay teuing. Nu ngarang kacida pogot pisan dina ngaatrakeun karakter Nini Jumsih, ngan ari palebah karakter tokoh anu séjén, jigana mah teu pati seukeut. Upamana baé dina ieu padalisan:
“Najan buuk geus camutmut bodas tara kaciri rewag-rewig, éstu limit siga nu kakara nyisiran. Matak pantes urang dinya loba nu nyebut nini Jumsih mah turunan ménak..”
Asa teu kudu diémbohan deui ku cacaritaan
“..aya deuih nu sok rada sirik, majarkeun moal enya turunan ménak ngaranna Jumsih atuh sahenteuna kudu make Nyimas..”
Lantaran ku kalimah jeung pada saméméhna gé geus kaerong pisan yén karakter nini Jumsih téh jiga pisan turunan ménakna anu sarwa beresih tur apik dina sagala rupana. Cék Adang S. dina bukuna Diajar Ngarang Carita Pondok (2012: 58) pangarang mah ngan kudu bisa milih nu parentingna waé, teu kudu sagala dibéjérbéaskeun bisi jauh-jauh panjang gagang. Sabab ari cék kuring mah carita anu ngajak mikir tur ngajén kana eusi carita sangkan nu maca tumuwuh kapanasaranna téh leuwih hadé. Tapi hal éta téh éstu kamalum pisan lamun ningali kana udagan pangarang sangkan bisa nyumponan jumlah karakter keur minuhan kolom kaca.
Béda jeung tokoh Sekertaris Désa anu minangka nu ngarang kurang seukeut dina ngagambarkeun karekterna. Dina sawatara guneman antara nini Jumsih jeung Sekertaris Désa katémbong pisan yén Sekertaris Désa téh karakterna dijieun tog mol pisan dina cumarita, utamana ka pantar nini-nini, taya undak-usuk basana. Upamana dina ieu guneman:
“Nini ari saung lisung téh nu nini?”
“Sanés, nun.”
“Ari tanahna nu nini?”
“Sanés. Saung lisung sareng tanahna sadayana gé nu urang lembur”
“Euh..nu nagara atuh ari kitu mah”
Meureun ari ti dituna mah ngahaja ambéh karakter Sekertaris Désa téh kataksir pohara pikasebeleunnana. Tapi sakanyaho kuring, sanajan ayeuna geus jaman modéren, tapi ari adat urang Sunda mah biasana lamun cumarita téh sok malapah gedang, lantip. Katurug-turug sakuduna ari pantar Sekertaris Désa mah pohara boga atikan anu leuwih ti nu tokoh nu séjén, tangtu bakal ngaheulakeun kasopanan dina ucap, laku jeung lampahna, komo ka nu leuwih kolot, sakuduna mah hadé gogog hadé tagog.
Anu kadua, aya pada anu cék kuring mah Mamat téh kurang merenah palebah nyimpenna. Utamana dina palebah nutup carita. Aya pada anu sakuduna geus nutup carita, tapi kalah disalénggorkeun deui ka nu caritaan nu séjén nu matak henteu pati beunang amanat eusi caritana. Lir sapédah nu keur tarik mangprung, tuluy kuduna mah dierém lalaunan da geus dék nepi ka nu dituju, ieu mah kalah disalénggorkeun stangna, atuh tungtungna mah henteu nepi ka tempat anu dituju. Tah, cik urang ilikan geura.
“Lain, birit lisung téh enya-enya aya tulisan ulah diruag? Cék Punduh nanya ka Jang Sabri.
“Enya, da kuring kungsi maca, basa aya mahasiswa nu hayang nyaho birit lisung, terus ditonggéngkeun, didinya écés aya alif, wau, lam iya jeung ha tuluy dal iya ro wau jeung gin ngan siga enun.”
“Baruk kitu Jang Sabri, mama mah kakara nyaho aya lisung unggah ka gedong, ngamumulé kitu téh nyah?” Cék mama Jakarsih, imam masjid nu teu kanyahoan ti iraha ngadéngékeunana bari terus unggah ka masjid, pédah kohkol geus ngurulung tanda geus manjing magrib. Cék gerentes haté Mama Jakarsih boa-boa Jang Sabri salah maca, kuduna dibaca Oléh Dirwan lain Ulah Diruag, kapan kalan-kalan nulis Malangbong gé ku aksara Arab teu dirarangkénan mah sok dibaca Maling Bawang”
Nyawang kana taksiran amanat anu hayang ditepikeun ku nu ngarang téh nyaéta kacida haré-haréna jalma jaman ayeuna kana ngamumulé salah sahiji pancarakén urang Sunda lisung anu ulah pisan diturutan. Atuh dina bagian nutup carita bet kalah nyaritakeun sangkaan mama Jukarsih yén Sabri téh salah maca tulisan anu aya dina birit lisung, malahan mah dibodorkeun tungtungna.
Cék kuring, bakal leuwih waas pikeun nu maca lamun bagian pada keur nutup carita téh mending ku guneman mama anu ngan semet “Baruk kitu Jang Sabri, mama mah kakara nyaho aya lisung unggah ka gedong, ngamumulé kitu téh nyah?” Cék mama Jakarsih, imam masjid nu teu kanyahoan ti iraha ngadéngékeunana bari terus unggah ka masjid, pédah kohkol geus ngurulung tanda geus manjing magrib.”
Atawa bakal leuwih keueung deui lamun ditutupna ku pada “tuluy ngadongéngkeun waktu ningali Sekertaris Désa di lembur séjén keur ngunggah-ngunggahkeun lisung kana genepna. Cenah éta téh setorkeuneun ka Bandar lisung di Bandung. Majar di Bandung mah lisung téh mahal hargana, dijual keur hiasan, diteundeun di pelataran hareupeun gedong sigrong, cenah éta téh ngamumulé titinggal karuhun.”
Nu maca tangtu bakal bisa nyindekkeun yén ukur neundeun lisung di pelataran hareupeun gedong sigrong téh teu pisan-pisan kaasup ngamumulé titinggal karuhun. Lir buah meunang meuli, dék didahar téh tangtu henteu dipangmesékkeun ku tukang dagangna. Nu maca hiji karya gé tangtu bakal mesék eusi jeung amanatna sanajan teu dibéjérbéaskeun ku nu ngarangna. Papadaning kitu, aya tarékah hade ti nu ngarang, sangkan mawa nu maca carita ngaguluyur kana eusi carita. Ngingetan yén ngamumulé titinggal karuhun téh pohara pentingna.

Rabu, 19 Agustus 2015

Teuneung Ludeungna Ki Sunda



Sajak "Lalaki di Tegal Pati" karya Sayudi (1963) aya kana 53 baitna. Sajak panjang naker. Bentukna méh jiga guguritan. Ngagambarkeun kateuneung kaludeung sinatria Sunda nu tutumpuran ngbéla ajén diri jeung kahormatannana.
Nyaritakeun lalampahan Dyah Pitaloka Citraresmi anu leuwih milih rarabi ka pati batan bangsana dijajah ku karajaan pisalakieunana. Teu hayang lamun kudu tunduk kana kakawasaan Majapahit. Kajadian di Tegal Bubat anu matak ngageuri sakumna masarakat Sunda.
Dokuméntasi mimiti aduregengna urang Jawa jueng Sunda anu tug nepi ka ayeuna masih kénéh kasampak. Antukna imbas kana rasismeu. Loba rarangan pikeun urang Sunda anu ulah kawin ka urang Jawa. Nanging éta rarangan ku sawatara urang Sunda mah geus teu dipaliré lantaran bentuk Negara Kesatuan Républik Indonésia téa. Bhinéka Tunggal Ika ceunah.
Nanging maksud Sayudi ngagambarkeun tutumpuran sinatria Sunda dina ieu sajak téh lain sangkan remen aduregeng antara suku Sunda jeung Jawa. Balik deui kana pribadi uarang Sunda anu geus miboga ugeran ti saméméhna, nyaéta sikep pinter, cageur, bener singer téa.
Ayeuna mah geus lain wayah nyabit-nyabit mangsa bihari. Geus sakuduna sakumna urang Sunda hudang. Tandang bajoang nuluykeun gedéna wawanén sinatria nu geus tumpur mélaan lemah cai.
Mélaan lemah cai henteu sakuduna kudu ngagadékeun pati. Urang kudu bisa bajoang dina widang urang. Nuluykeun hanca sésa-sésa lalampahan.
Hudang!
Bral geura miang!

Jatinangor, Agustus 2015


Kebon Manusa (Binatang) Hidayat Suryalaga



 Naskah drama Bon Manusia Bin karya R. Hidayat Suryalaga (1993) minangka kanyaah anjeunna pikeun awak-awak Téater sunda Kiwari, Daya Sunda, Téater Pamass, Pénusa, Sarumah Tangga jeung sakumna Ki Sunda. Sarimbag jeung karyana nu geus leuwih tiheula gelar, nyaéta Cempor, Kuring, Carem jeung Tambang. Mangrupa wanda drama anyar anu medar éksisténsi manusa jeung budayana, anu salawasna aduregeng jeung pangaruh éksternal. Jumlah tokoh aya dua belas, nyaéta Aki, Nini, Awéwé I jeung II, Lalaki I jeung II, Banci I, II, III jeung IV, Rahayat jeung nu Lalajo.
Dina naskah digambarkeun dua alam anu patukang tonggong, nyaéta alam buhun jeung alam modern. Nuansa alam buhun ditepikeun ngaliwatan tokoh Nini jeung Aki. Di dinya teu weléh ngagambarkeun nilai-nilai kasundaan anu geus mulai tumpur di lingkungan masarakat modéren. R. Hidayat boga kahayang sangkan alam buhun divisualisasikeun sacara sampurna. Aya adegan Aki jeung Nini patémbal-témbal mantun. Aki maca lontar bari dipirig ku kacapi, diregepkeun ku anak incuna nepi ka pancakaki anu panghandapna.
Demi dina alam modern, dipaénkeun ku tokoh Awéwé jeung Lalaki anu geus kapangaruhan ku budaya deungeun. Awéwé merankeun ungkluk anu geus umuran jeung anu ngora. Lalakina merankeun pamuda anu kacirina osok ngalajur napsu.
Isi naskah mangrupa babandingan antara dunia buhun jeung dunia modern. Digambarkeun manusa anu kalakuanna ngajirim kawas sato. Teu boga étika jeung moral. Indikasi morosotna moral mangrupa dampak tina can siapna masarakat urang narima arus globalisasi. Kaimanan jeung katakwaan anu ku karuhun ti baheula teu weléh tuluy dipelak keur anak incuna masih kénéh can tumuwuh dina sakumna diri Ki Sunda. Antukna, masarakat ayeuna teu bisa nyaring, milih tur milah kabudayaan deungeun anu tuluy mangaruhan.
Sawatara naskah drama karya R. Hidayat miboga makna filosopis. Loba simbol-simbol anu dilarapkeun kana unsur drama. Saperti adegan painjeum-injeum konci toilet. Awéwé jeung awéwé atawa jeung lalaki tuluy silihgenti nyimbolkeun séks bébas anu geus narajang di masarakat.
Cindekna, R. Hidayat boga kahayang pikeun ngélingan sakumna Ki Sunda sangkan ulah poho kana budaya sorangan. Lamun urang geus boga cecekelan atawa dasar, budaya deungeun anu boga pangaruh negativ moal nepi ka narajang mangaruhan urang.


Uwak-Awik Imajinasi Godi Suwarna


Sanggeus macaan sawatara karya Godi Suwarna, henteu weléh absurd waé, suréalis. Saperti Uwak-Awik, salah sahiji carponna dina buku kumpulan carpon Sawidak anu dipedalkeun ku PT. Manglé Panglipur dina taun 1986. Godi miboga imajinasi anu henteu  biasa. Kréatif naker. Ngagambarkeun golék anu bisa ngaromong boh jeung sasamana, boh ka jelema. Tangtu moal kapikir ku urang, golékna Ki Dalang pabalatak di dapur tur dicaritakeun bet bisa nginum cikopi, udud jeung ngadahar bubuy sampeu sagala. Logikana éta golék téh urut anyang-anyangan budakna anu tungtungna bacacar aya di dapur.
Golék baruntak, geus bosen diwayang-wayang ku Ki Dalang. Arjuna anu sanajan mindeng dimeunang-meunangkeun dina lalakonna, saenyana ngarasa teu téga mun kudu nonjokan sasama golék. Kitu deui bangsa Buta, teu sudieun kudu kéokan saumur-umur, ngarasa diheureuykeun. 
Godi nulis carpon maké gaya puisi anumana tujuanna ngungkabkeun sacara teu langsung. Carita-carita kiasan samodél wayang golék mangrupa bentuk kiasan yén manusa mah di dunya ukur hirup darma wawayangan. Susah-senang, salah-bener, alus jeung goréngna sakabéh gé ngan cacaritaan Ki Dalang anu minangka takdir keur sakabéh manusa. Ki Dalang téh nya pangéran téa, Gusti Allah. Éta makna téh sakur pamanggih kuring kana eusi carita. Wallahu’alam ari maksudna Godi dina éta carita hayang nepikeun naon anu sabenerna mah.
Kudu remen pisan maca sangkan urang bisa ngajén karya sastra. Matak kuring ukur bisa ngaaprésiasi semet dieu, susuganan dina karya salajengna langkung jembar tur mekar.


Jatinangor, 2015

Minggu, 16 Agustus 2015

Artikel: Téater Dongkrak Pinunjul FDBS XIII



Téater Dongkrak Kota Tasikmalaya jadi pinunjul Féstival Drama Basa Sunda XIII nu dilakasanakeun di Gedong Kasenian Rumentangsiang 14 April-4 Méi 2014. Alpukahna Téater Sunda Kiwari. Téater Dongkrak midangkeun drama naskah Di Hiji Tempat Anu Biasa karya Nunu Nazarudin Azhar. Milih salahsahiji naskah tina dalapan naskah. Milih salahsahiji naskah anu nangtukeun kumaha prosés imajinasi kabentuk. Midang ping 23 April 2014 dina sési kahiji jam 10.00. Pintonanna kacida ahéngna. Teu jiga drama anu biasana, sutradara Téater Dongkrak dina garapan ieu Jabo Widyanto kacida imajinatifna. Kreatif naker. Pidangan drama anu punjul tina segi konsép. Artistikna béda ti nu séjén. Teu make lighting-ligthing acan. Pamaén disorot ku lampu séntér. Sésana paroék. Pamaén nu merankeun tokoh Pangarang ti awal nepi ka ahir gugulayunan dina korsi nu ngagantung. Sakabéh artistik make sénter. Teu kapikiran pisan ku salaréa nepi ka jadi panata artistik pinunjul. Kitu deui musik. Musikna has. Tangtu baé jadi panata musik pinunjul. Téater Dongkrak nyabet opat piala. Panata musik, panata artistik, sutradara, jeung pamentasan pinunjul. Sanajan teu dibiayaan-biayaan acan ku Pamaréntah. Tapi henteu ngaleungitkeun prosés kréatif nu dibangun sababaraha bulan katukang jeung saméméhna.
07 Mei 2014

Esey: AI KORALIATI : CATETAN POÉAN RÉRÉ


A
 “Lalaunan, triplék téh dijungjungkeun. Leungeun karasa ngeleper. Bari ngumpulkeun tanaga, panon dilelempeng ka jeroeun kamar. Ari bréh ka jero kamar, bledag, sirah asa aya nu ninggang sakaligus. Urang tipepereket nyekelan triplék. Lalaunan ditutupkeun deui. Bluk, nyuuh salila-lila di jero para anu paroék. Sanggeus haté rada leler, kuniang cengkat. Ngeteyep deui ngarandang kaluar. Tarajé ditunda deui kana tempatna, bus ka kamar. Gubrag ngabeubeutkeun manéh kana kasur. Segruk ceurik bari nyusup kana bantal.
Naha Aa téh bet bobogohan jeung lalaki?”
Itulah paragraf yang bisa dikatakan sebagai salahsatu elemen yang menjadi ruh karangan Catetan Poéan Réré (CPR) karya Ai Koraliati. Dalam CPR Ai mendeskripsikan kelainan jiwa yang dialami oleh seorang laki-laki yang lebih nyaman menjadi perempuan, dan melawan kodratnya dengan menyukai sesama lelaki. Hal tersebut di masa kini sudah tidak tabu untuk diperbincangkan, karena merupakan kenyataan yang harus diakui oleh masyarakat walaupun tidak sejalan dengan agama dan norma sosial yang berlaku di lingkungan budaya Indonesia terutama Sunda. Ai mengangkat pandangan positifnya terhadap sosok seorang ‘banci’ yang perlu dihargai, perlu diaprésiasi, perlu diselamatkan jiwanya, karena hal demikian merupakan penyakit yang telah ada di zaman Nabi Luth. Penyakit yang mengancam budaya dan etika baik pada zaman dulu hingga kini. Fenomena kontradiktif yang masuk dan menjalar begitu cepat dengan disertai banyak faktor pendukung, salahsatu faktor pendukung tersebut adalah gen dari orangtua, sebagaimana Ai menggambarkan kenyataan tersebut dalam CPR:
“Catetan demi catetan dibacaan imeut pisan. Bari haté mah teu eureun ngageter. Tepi kana catetan kalima mah, can aya kajadian anéh, biasa kénéh. Barang anggeus maca catetan kagenep, urang asa dibéntar gelap. Urang calangap. Bluk, sirah nyuuh kana buku héjo.
Naha Akang teu kantos balaka ka abdi nu saleresna?
Akang téh resep ka pameget deui, pan!
Abdi kasiksa, Kang! Iraha Akang tiasa normal sapertos carogé nu sanés?

Sanggeus leler, bray, buku téh dibuka deui. Urang ngusapan cimata nu nyalangkrung dina kongkolak panon.

Kang, naon nu ku abdi dipikasieun, ayeuna tos kabuktian. Si Aa sok maling-maling maké wedak jeung lipstik abdi. Abdi sering merego manéhna keur luway-liwey jeung gulak-gilek hareupeun kaca. Abdi Shok, Kang! Naha panyawat Akang téh bet kedah nurun ka si Aa?”

Selain dari gen orangtua, pemberian nama pada anak juga mempengaruhi terjadinya kelainan tersebut walaupun tidak terlalu besar pengaruhnya. Seperti yang digambarkan Ai berikut:
“Ti keur SD kénéh ogé si Aa sok mindeng ngangluh ka Bapa, majarkeun téh bet méré ngaran awéwé cenah, “Susan Basari”.
SIapa yang mau mempunyai kelainan? Siapa yang tidak mau hidup dengan normal? Berangkat dari situlah Ai menyampaikan keluh kesah yang dialami seorang ‘banci’. Ai memperlihatkan bahwa ‘banci’ tidak boleh dipandang sebelah mata dengan menceritakan kelebihan-kelebihan ‘banci’ tersebut dalam hal positif yang lain.
Pada beberapa karya Ai yang lainnya seperti carita pondok Kembang Kertas, Guru jeung Indung, dan Langlayangan Ai juga mengangkat cerita yang terinspirasi dari seorang ‘banci’. Karya-karya tersebut dimuat di majalah Manglé dan Cupumanik.
B
Novel CPR ini mendapatkan penghargaan Hadiah Samsudi untuk bacaan anak-anak. Sampai saat itu karangan yang dikhususkan untuk bacaan anak-anak remaja terbilang masih sangat langka. Majalah maupun Koran Sunda tidak terlalu banyak menyediakan lahan (rubrik) untuk para remaja. Buku-buku bacaan bahasa Sunda yang telah terbit baru ada beberapa yang membahas menceritakan para remaja. Akibatnya, banyak komentar mengapa tidak ada buku Sunda yang ceritanya seperti pada sinetron yang menceritakan manusia di alam modern sekarang?
Ai mengangkat sebagian realitas kehidupan remaja masa kini, yang telah tercekoki warna-warni pengaruh budaya tetangga. Dunia remaja yang penuh dengan macam-macam persoalan, cita-cita semangat hidup, dan nilai-nilai moralitas. Wajar saja bila demikian, Ai merupakan sosok seorang ibu yang mendidik anak-anaknya di sekolah sebagai guru. Fenomena yang digambarkan dalam CPR merupakan fenomena yang terjadi di lingkungan kehidupan murid-muridnya baik di sekolah, lingkungan luar maupun keluarganya. Serta bahasa yang digunakan merupakan bahasa yang ringan atau loma, sesekali Ai menyisipkan bahasa gaul yang sering digunakan remaja masa kini, yang sedang ngetren pada masa itu, diantaranya pada paragraf berikut:
“Li, poé ieu urang kaleungitan batur sabangku, si Lise. Sirah karasa jangar nyanyautan. Awak lalungsé balik téh.
Si Lise dikaluarkeun ku sakola lantaran ‘kacilakaan’. Ceuk béja mah saminggu deui si Lise rék kawin. Tapi Li, nu matak sedih pisan mah si Lise reuneuhna lain ku kabogohna, tapi ku … Bapana. Téréh kiamah meureun nya Li, jaman ayeuna mah loba pisan kajadian ahéng”

Pada masa sekarang istilah ‘kecelakaan’ digunakan untuk mengganti kata hamil diluar nikah.
Dalam CPR Ai juga banyak menyisipkan pesan moral yang ingin disampaikan kepada pembaca. Sangat jelas Ai menggambarkan sosok Réré seorang remaja yang harus mandiri mengurus diri sendiri, neneknya, adiknya, dan kakaknya setelah ibunya meninggal, dan bapanya pergi dari rumah untuk mengobati penyakitnya dengan menikah lagi.
“Ré, anak Bapa anu soléh!
Hampura Bapa! Kakara poé ieu Bapa nyieun surat keur Réré. Geus waktuna, Bapa balaka sagala rupana ka Réré. Insya Alloh, poé ieu Bapa geus cageur pisan. Réré teu kudu apal, naon panyakit Bapa. Nu jelas mah, Bapa salilana ngadu’akeun turunan Bapa. Kabéh ulah ngalaman naon-naon nu kaalaman ku Bapa. Geus wé semet Bapa.
Bapa nyaho, panyakit si Aa. Dosa Bapa, éta téh!
Lain Bapa teu hayang ngubaran si Aa, tapi kapan, salila ieu mah Bapa ogé sarua gering. Nu matak saacanna Bapa ngubaran si Aa, Bapa satékah polah ngubaran heula diri sorangan.
Waktu mamah maot, Bapa sadar, yén kalakuan Bapa téh geus ngaraheutan haté Mamah. Salah Bapa téh! Hayoh kalah kawin deui, nambah-nambah pipanyakiteun! Kajadian nu tumiba ka urang sakulawarga, kabéh ku Bapa dilenyepan. Nepi ka hiji mangsa, Bapa lunta sakaparan-paran. Nénéangan tempat nu bisa nyageurkeun panyakit jeung rarasaan Bapa.
Nya, nepi ka dieu. Di dieu, Bapa ngabaktikeun diri. Milu mantuan, ngatik jeung nyageurkeun barudak sarta para rumaja anu bararaong. Di dieu, Bapa ngalebur manéh. Bapa mikanyaah barudak anu butuh ku pitulung jeung panyalindungan. Di dieu, Bapa manggihan hiji kani’matan batin, anu salila ieu teu kungsi karasa jeung kaalaman ku Bapa.
Ayeuna Bapa hirup nyorangan, teu boga pamajikan. Bapa sadar, salila Bapa acan normal deui mah, Bapa moal weléh nganiaya pamajikan Bapa. Saha waé éta mah. Kaasup, Mamahna Ila. (Bapa apal ti sobat Bapa, yén orok téh dingaranan Ila!)
Ti barang gubrag, Ila dipasrahkeun ku Mamahna ka Bapa. Bapa papisah. Mamahna Ila sarua jeung Mamah Réré. Teu kuateun babarengan jeung Bapa.
Poékkeun pikir Bapa téh, Ré!
Haté téh ngadadak caraang, barang Bapa meunang bongbolongan ti sobat Bapa. Harita kénéh gilig rék masrahkeun orok ka si Aa jeung Réré pikeun dirawatan. Nu nganteurkeun orokna gé lain Bapa, tapi sobat Bapa téa. Bapa téh teu kuat ku éra lamun kudu panggih jeung si Aa, jeung Réré, harita. Komo kudu balaka rék masrahkeun orok mah. Nu matak teu aya cara séjén, iwal ti nunda orok di hareupeun imah.
Ré, hiji waktu anu geus ditangtukeun ku Alloh, urang bakal ngariung deui. Dina kaayaan Bapa, jeung si Aa geus calageur pisan. Ayeuna mah can waktuna Ré! Ayeuna, Bapa keur ngakalan si Aa, sangkan daékeun diajak ka dieu, ka tempat Bapa ayeuna.
Ré, bisi Ila hayang ulang taun, ieu tanggal lahirna. Senén, ….
Ari Réré, inget kénéh ka Lili? Éta geuning, sobat Réré keur budak téa? Anu kawas awéwé! Kapan didieu jeung Bapa. Sakolana sarua jeung Réré. Sakeudeung deui rék ka Perguruan Tinggi. Rék ka Cairo, cenah, hayang kuliah di Al Azhar, da budak anu pinter mah sok meunang béasiswa pikeun sakola ka luar negri. Lili téh teu baong, ngan ngeleyed! Broken Home, budak téh! Kungsi tigebrus kana dunya narkoba sagala! Ngan sanggeus lila digembléng di dieu, Lili cageur. Lili jadi lalaki normal. Cerdas jeung soléh deuih!

Sonona, Bapa.
            Surat diasupkeun deui kana amplopna. Saméméh diselapkeun dina buku diary, celengok diciuman, bari ragrag cimata.”

C
Dra. Ai Koraliati, M.Pd. lahir di Garut, 28 April 1965 yang merupakan lulusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda IKIP Bandung (UPI) pada tahun 1989. Mulai mengarang tahun 2003, karya-karyanya terutama carpon banyak dimuat di majalah Manglé dan Cupumanik. Salahsatu carponnya ada yang mendapat Hadiah Sastra Uu Rukmana oleh Koran Kujang tahun 2005 ‘Innova’ terpilih menjadi carpon pinilih majalah Manglé taun 2005 serta mendapat penghargaan Hadiah Sastra LBSS. Selain dari menulis, Ai juga aktif membuat pagelaran sastra dan mendirikan komunitas teater Saung Sastra Lembang bersama suaminya Hadi AKS yang sama-sama penulis yang masih eksis dengan karya-karyanya hingga kini. Dari kacamata pembaca, karya-karya Ai kebanyakan terinspirasi dari lingkungan sekolah, dan murid-muridnya. Karya-karya Ai diantaranya Yayang Tika, Sedep Malem keur Ning, Cindewatu, Duit Kencring, Cimata Lalaki, Nu Ceurik di Tungtung Langit, Langlayangan, Kembang Bakung keur A Utung, Kembang Kertas, Guru jeung Indung, Innova, Tujuh Cahaya.
Sayangnya, empat tahun terakhir Ai tidak produktif menulis lagi karena kesibukannya sebagai ibu rumah tangga, dan ibu bagi generasi-generasi muda yang mempunyai potensi di bidang sastra. Seperti ketiga anak laki-lakinya kini sukses menjadi aktor, dan telah membawa komunitas teaternya Saung Sastra Lembang ke berbagai daerah dalam maupun luar Jawa. Karyanya yang terakhir pada tahun 2009 Tujuh Cahaya mendapatkan kritikan dari salah seorang wartawan Tribun Jabar. Ai selalu berpegang teguh pada prinsipnya bahwa berkarya itu merupakan ilham dari Tuhan untuk menyampaikan pesan moral kepada seluruh manusia.


Daftar Pustaka: Koraliati, Ai, “Catetan Poéan Réré”. Bandung: Grafindo, 2012.

Esey: Ungkara Basa Sunda dina Twitter


Twitter, salahsahiji jejaring sosial atawa ramatloka anu keur booming atawa geunjleung dina danget ieu.  Mimiti aya dina bulan Juli 2006, diadegkeun ku Jack Dorséy, salahsaurang pamekar ramatloka jeung pangusaha ti Amérika Serikat anu kasinugrahan Innovator of the Year Award ku The Wall Street Journal dina taun 2008.
User atawa pamaké twitter bisa ngirim jeung maca tweet dina wangun tulisan, foto, atawa vidéo nepi ka 140 karakter atawa hurup. Eusi tweet-na rupa-rupa, aya nu ngahaja ‘curhat’, mosting jadwal kagiatan, foto kadaharan, lokasi user, ngobrol banyol, dagang atawa promosi jeung réa-réa deui. User bisa nga-update tweet-na ngaliwatan internét boh tina komputer atawa tina HP, malah ayeuna mah geus usum Tablét.
Januari 2013, nu maké twitter di dunya geus aya kana lima ratus juta. Indonésia mangrupa salahsahiji nagara anu masarakatna loba pisan maké twitter. Masarakat Indonésia nyumbang kira-kira 15% tina total tweets di dunya. Salian ti éta, sok remen nyieun atawa nyiptakeun Trénding Topic anyar dina twitter.
Kitu ogé urang Sunda, kiwari urang Sunda geus teu jaman deui gagap téhnologi atawa gapték dina kahirupanana. Urang Sunda ogé geus ilubiung dina twitter. Geus aya sababaraha akun twitter nu eusi tweet jeung mention-na pakuat-kait jeung Basa Sunda, di antarana @Tarucing_Sunda @ComicSunda @KomediSunda @cangehgarrr, salian ti éta aya ogé sababaraha user anu remen nga-tweet atawa nga-méntion maké basa Sunda.
Lantaran up to date, twitter bisa dijadikeun salahsahiji sumber data keur ningali sababaraha ‘fénoména’ kamekaran basa. Loba pisan ‘basa gaul’ anyar anu geus teu ahéng pikeun ‘masarakat gaul‘, di antarana Alay; singgetan tina Anak Layangan, sok dibasakeun ka jalma anu kampungan atawa narsis kabina-bina. Lebay; singgetan tina berlebihan atawa kaleuleuwihi, kecap lebay mimiti populér dina taun 2006-an. Jayus; dibasakeun ka jelema nu ngalawak tapi henteu pikaseurieun, kecap jayus populér dina taun 90-an tapi masih dipaké nepi ka ayeuna. Garing; teu lucu. Ménékétéhé; teuing teu nyaho, dipopulérkeun ku Tora Sudiro dina acara Extravaganza TransTV dina taun 2000-an. Émbér; Émang kitu. LOL; singgetan tina Laugh Out Loud anu hartina seuri nyakakak. BT/BÉTÉ; singgetan tina Boring Total nyaéta bosen. Krik; sora jangkrik, kecap nu dipaké keur mairan nu ngabodor tapi henteu pikaseurieun. Mager; singgetan tina Males Gerak atawa haroréam. Jamber; singgetan tina Jam Berapa atawa jam sabaraha. Caper; Cari Perhatian atawa néangan perhatian. GWS; Gét Wéll Soon atawa geura cageur. PHP; Pemberi Harapan Palsu, dibasakeun ka jalma nu méré harepan bari teu puguh tungtungna. Kode: sindir sampir, biasana sok dijieun hastag. NP/NW; Now Playing/Now Watching atawa ayeuna keur maénkeun/lalajo. Puk-puk; kecap nu sok dipaké keur ngupahan. KÉLEUS; kali atawa meureun. Macama; Sama-sama atawa sawangsulna.
Loba kénéh basa gaul dina twitter anu teu kacatetkeun. Basa anu kalintang gancangna mekar di masarakat. Teu saeutik basa anu asup kana gejala sosiolinguistik, diantarana alih kode, campur kode, jeung pergéséran makna. Salahsahiji contona nyaéta sababaraha postingan akun @ComicSunda anu populér di masarakat lolobana maké basa campur kode:“da aku mah apa atuh”; “pengorbanan aku ke kamu itu lebih banyak, dia mah mencét tombol follow sekali, aing mah dua kali, tapi kamu kalangkah ambek..” (Jum’at, 8 Agustus 2014 04.05); “mungkin cuman aku yg pas makan terus kerupuk murag langsung nyeri haté” (Kemis, 7 Agustus 2014 01.05).
Ayana twitter, dipiharep bisa méré sisi positif nu leuwih punjul atawa mangpaat keur masarakat Indonésia, pangpangna dina widang basa. Geus puguh deui ari dina widang téhnologi mah, malah geus mantuan pisan kana kamajuan masarakat.
Lémbang, 9 Agustus 2014

(kantos dimuat dina majalah Mangle edisi September 2014)


Esey: Nyawang Rupa Goréng Patut


Novél Sunda mangrupakeun salah sahiji karya sastra anu nepi ka danget ayeuna méré mangfaat loba ka sakumna urang Sunda, utamana lamun urang narawang tina widang atikan. Sababaraha fakultas sastra di unggal kampus di Bandung, utamana jurusan Sastra Daerah tangtu remen pisan aktifitas kuliahna pakuat-kait jeung novél Sunda. Sababaraha sakola boh SMA boh SMP geus tangtu aya pangajaran karya sastra Sunda dina mata pelajaran Bahasa Sunda, sanajan taun 2012 kamari aya wacana yén kurikulum pendidikan 2013 baris ngahapus pangajaran bahasa daérah anu antukana mah pangajaran bahasa daérah di sakola dijadikeun pelajaran mulok anu durasi pangajaran sapoéna ukur sajam.
Kaalaman ku kuring nalika keur SMP kénéh, sok pangresepna tur pangsegutna lamun guru basa Sunda geus méré pancén ngarésénsi atawa néangan unsur intrinsik novél Sunda, salian ti ngembangkeun daya imajinasi urang salaku siswa, maca novél Sunda méré pangaruh loba kana tingkat kacerdasan sosial, sabab karya sastra némbongkeun gambaran kahirupan anu kahirupan éta téh mangrupakeun salahsahiji kanyataan sosial atawa ngagambarkeun kahirupan sakongkrit-kongkritna sanajan henteu digambarkan sacara detil. Pilihan-pilihan kalimah anu dibungkus ku kamoénésan pangarang dina ngarang novél méré daya tarik anu unik keur para penikmat novél Sunda.
Maca novél Sunda lir muka jandéla tur méré jembatan keur kuring sangkan nyaho kana tokoh jalma panggoréng patut-goréng patutna bisa nyandung ka nu geulis tur beunghar, éta kajadian anu saméméhna can pernah dipanggihan ku kuring di dunya sabenerna. Atuh dina dunya sabenerna di jaman ayeuna mah bisa waé jalma goréng patut meunangkeun anu geulis kacida, asal dipuruluk ku harta anu henteu saeutik. Ari dina carita Rasiah Nu Goréng Patut yasana Sukria jeung Yuhana mah nyaritakeun  Karnadi si anémer bangkong, jalma anu miskin, boga pamajikan jeung budak, bisa nyandung ka Eulis Awang awéwé anu geulis kacida. Goréng patutna Karnadi mangrupakeun kajadian enyaan, lain kajajadén jiga carita Lutung Kasarung anu mandi di leuwi tuluy leungit rupa goréng patutna alatan nandangan cocoba di leuweung anu rupa kasépna leungit sababaraha harita. Yuhana jeung Sukria ngagambarkeun Karnadi dina novélna ku kalimah anu basajan tapi déskriptif. Karnadi digambarkeun "pendék gedé, dédépé, kulitna hideung kuleuheu, beungeutna garicu,..panonna bolotot, cukang irungna demés, tungtung irungna nambru, halisna pitak sabeulah, sungutna rubak, biwirna karandel, huntuna baradag, tarangna rubak méh satengah sirahna, turug-turug ana leumpang sok képoh jeung rada déog deuih..."
Ku modal ngalajur napsu tur tupa-tipu jeung gedé wadul ka Eulis Awang, kolotna Eulis Awang jeung pamajikan tur budakna, antukna dina ahir carita, Karnadi malidkeun manéh ka Citarum. Cindekna geus goréng patut téh goréng milik deuih, alatan manéhna henteu ngukur kana kujur, henteu nampa kana nikmat Pangéran. Goréng lalampahan anu sakuduna ulah diturutan.


Jatinangor, 13 Agustus 2015

Sajak: Ambon Sorangan

Rasa dina jero dada kula teu bisa leungit dipapaksa
Rasa dina jero dada anjeun teu bisa dipapaksa kudu aya


Jatinangor, 31 Maret 2014 

Carpon: Pati


Geus rék tengah peuting, aya kana jam sabelas jigana mah. Kuring kokoréh kana kantong néangan HP, gap HP kacepeng, rét nempo jamna, heueuh geuning, geus jam satengah duabelas. Satengah jam deui kana waktuna balik. Kieu da ari nasib jadi SPG mah, moal cukup waragad mun teu daék gawé ngalembur. Cacakan kuring awéwé gé, ari keur butuh mah nya kapaksa unggal poé kudu balik tengah peuting, iwal ti malem Salasa, da puguh kuring ménta peré digawéna poé Senén. 
Sanggeus konter barérés tur beresih, kuring jeung si Eka babaturan shift gawé langsung balik ka kontrakan. Teu balik ka imah lantaran jauh, jaba geus peuting. Palaur di jalanna, jaba di kota mah ayeuna téh keur usum géng motor. Matak pikahariwangeun kolot. Ema geus apaleun yén kuring balikna ka kontrakan waé, geus bébéja ti anggalna, lamun kuring ngalembur tangtu moal balik ka imah, kajaba lamun kapépét geus beak baju jang salin. Horéam kudu ngalondri mah, lantaran mahal ngalondri di kota mah. Anu matak lamun balik sok mekel seuseuhan, kajeun diseuseuh di imah dina mesin cuci nu ema. Tangtu hasilna gé bakal leuwih beresih meunang nyeuseuh sorangan batan ngalondri mah. Ari seuseuhanna biasana mah nya saragam gawé kuring wé anu unggal poé kudu gunta-ganti, poé Salasa maké saragam kaméja warna kayas jeung calana sepan hideung, poé Rebo maké kaméjana sasetél jeung rokna warna biru, poé Kemis maké batik nu corakna warna konéng, Jumaah maké kaméja warna beureum, Sabtu jeung Minggu mah rada geunaheun lantaran make kaos warna héjo jeung bodas, teu pati hareudang teuing. Salian ti saragam gawé, ogé sok mawa salin jang saré atawa ari butuh jang ulin. Leuheung ayeuna mah gawé téh najan lembur nepi peuting waé gé bisa kénéh ulin, lantaran kuring gawéna kabagéan shift jam tilu soré. Geus matuh jam sakitu salila tilu bulan. Jadwal shiftna bisa ménta ganti lamun kuring geus gawé salila sataun di éta tempat. Ari tempat gawé kuring pernahna di Bandung. Di salahs ahiji Mol élit, di Paris Van Java. Kuring gawé di konter dompét, beubeur, jeung tas anu bahanna tina kulit. Sapopoé papanggihna jeung jalma-jalma élit hungkul. Loba customer nu ti luar kota, komo ti Jakarta mah. Balanjana ogé tara kagok, rata-rata kana puluhan atawa ratusan juta. Kuring mindeng ogé ngaladangan artis nu balanja ka dinya.
Pernah sakali mangsa aya artis lalaki anu kasép kabina-kabina datang ka konter kuring. Kacida bungahna nempo paroman anu sakitu kasépna, dedeganna jangkung jeung tegep. Sukuna lenjang make calana jeans warna biru dongker. Awakna begang, tapi ngeusi. Katambah manéhna make kaos  warna hideung anu aya kerahan polét bodas. Éta kulit leungeun jeung beuheungna anu katémbong téh kacida beresihna, bodas, sawarna jeung beungeutna, henteu belang saeutik-saeutik acan. Gadona méncos. Barang manéhna jol ka konter, teu weléh gelenyu waé. Matak kareueut lamun nempo biwirna nu amucuy. Irungna mancung leutik, bangir ceuk ema mah nu kitu téh. Panonna rada sipit, palebah bobodasanna mani beresih pisan, hérang, kawasna mah bisa dipaké jang ngeunteung. Kornéa panonna warna hideung. Halisna rada kandel, mantes jeung tarang. Kulit beungeutna mani limit. Buukna lempeng tur gomplok, digolep.
Kuring kacida resepna ka éta artis, lian ti alus rupa ogé alus budi. Ka kuring petana bageur pisan, cacakan ka SPG. Lamun nempo paromanna ieu haté kacida ser-seranana, teu walakaya. Matak noroktok tuur. Komo lamun geus nanyakeun barang-barang anu rék dibeulina, ah, moal katulungan éta kasépna euweuh nu nyaingan. “Mba, kalo sabuk yang ini ada warna yang lain yang lebih gelap?” Tanya manéhna. Kuring rada lila dék pok téh lantaran ieu biwir asa kakonci ku deg-degana ieu haté. “Eu, eu, tunggu sebentar mas, saya cari dulu.” témbal kuring arapap-eureupeup. “Oh ia mba saya tunggu.” Manéhna mairan bari ngagelenyu.
Sanggeus meunangkeun beubeur nu dipikahayangna, manéhna teu langsung indit. Kadon nyampeurkeun deui ka kuring tuluy pok “Maaf mba, boléh saya minta nomor HPnya atau pin BBnya?” Gebeg haté kuring kacida reuwasna,  asa bungah tur teu percaya, lalaki nu dipikaresep ménta nomer HP. Meureun bisa jadi babaturan, meureun bakal jadi salaki, meureun bagja, meureun ah, pokona bungah. “Ia mas, émangnya ada apa ya” kuring mairan sabari samar polah. “Oh engga apa-apa mba, cuman péngén kenal aja, boléh kan saya minta?”
Harita poé mimiti kuring papanggih jeung kabogoh kuring di tempat gawé. Ayeuna geus aya kana dua bulanna kuring bobogohan jeung manéhna. Resep, manéhna bageur. Bisa narima kaayaan kuring nu sakieu-kieuna. Anu ngan saukur SPG. Ti saprak jadi kabogohna, kuring nyebut manéhna aa. Henteu mas deui, manéhna ka kuring nyebut enéng.
Sanajan boga kabogoh sakitu bageur jeung beungharna, kuring tetep manggih katugenah. Babaturan si aa anu sarua artis, teu panuju pisan lamun manéhna bobogohan jeung kuring. Dalah di kumaha ogé apan manéhna jeung kuring mah bédana jauh pisan. Manéhna artis nu beunghar sagalana, kuring ngan saukur SPG nu saaya-aya. Tapi kapan ari nu ngarana cinta mah sok teu kaduga, ninggang ka jalma nu kumaha-kumaha waé. Nu teu boga imah sapopoéna saré di jalan gé boga hak pikeun ngarasakeun kumaha éndah jeung teu éndahna cinta.
Mangkukna éta babaturan si aa datang ka konter kuring, judes kabina-kabina, ngahaja datang keur ngomongan kuring, nitah sangkan kuring ulah deukeut deui jeung si aa. Omonganana seukeut, matak nyelekit kana haté. Kuring teu bisa kukumaha, lantaran kaayaan kuring harita keur jadi SPG nu kudu ngalayanan costumer sahadé-hadéna.  Malah mah maksa ngancem dék nyulik lamun kuring masih kénéh jeung si aa. Kuring teu bébéja ka si aa. Ngan sakur dipikiran ku sorangan, kudu kumaha kahareupna. Ceunah ku ayana kuring téh di kahirupan si aa matak ngarusak réputasina. Ngarusak pagawéanana. Padahal kolot si aa mah geus panujueun. Da harita kungsi ka imah si aa. Indungna bageur pisan, sok SMSan malah mah jeung kuring gé. Pédah wé ieu mah babaturan deukeutna ti leuleutik, matak kitu gé meureun nyaah ka si aa. Embung babaturanna manggih kasusah lantaran bobogohan jeung SPG jiga kuring.
Kuring balik ka kontrakan kana motor. Éka mah kontrakanna jauh ti kontrakan kuring. Balik bareng téh ngan semet lampu mérah. Kuring méngkol ka béh kénca, manéhna mah lempeng. Peuting ieu jalan ka kontrakkan asa tiiseun, teu jiga biasana, hawa tiris nyelecep pisan kana tulang. Padahal geus dua rangkep maké baju haneut téh. Kontrakan ti tempat pagawéan kuring jauhna aya kana dua kilo. Barang tepi ka hareupeun gerbang kontrakan, ujug-ujug aya sora motor anu gandéng. Teu dipaliré, da meureun jalma nu biasa ngaliwat éta mah, bonganna kontrakan téh milih sisi jalan.
Barang mukakeun konci gembok gerbang, teu kadéngé sora léngkahna, kuring ngagebeg, reuwas, ujug- ujug aya leungeun jeung saputangan anu buru-buru ngabekem irung jeung baham kuring. Bau kacida, lieur, eungap.
Katémbong aya ema, bapa jeung adi kuring, Dian, ngagupayan di sisi jalan. Teu lila ema ceurik, gogorowokan malah. Kuring hayang nyampeurkeun, tapi awak asa aya nu metot. Teu bisa nyampeurkeun ema.
Hawa beuki tiis. Palebah sirah asa beurat, lieur henteu, tunduh gé henteu. Poék. Tiris. Sieun. Eungap. Bray caang. Poék deui. Barang bray caang deui, kuring ujug-ujug aya di jero imah. Tapi naha meuni ramé, loba sémah keur ngaraji. Aya si aa ogé di imah. Naha apaleun imah kuring? Apan si aa mah can kungsi dibawa ka imah. Aya ema keur aniprek bari ceurik sesegrukan. Barang ras ka tengah imah, aya nu keur ngalungsar nyangirah ngulon, ditutupan ku samping. Hayang nyaho éta saha, kuring nanya ka ema tapi ema teu némbalan, jiga nu teu ngadéngé kuring nanya. Moal enya bapa kitu éta téh? Panasaran, buru-buru ku kuring dibuka samping lebah sirahna. Gebeg téh, naha éta mah kuring? Moal enya kuring geus teu bisa nanya ema deui? Moal enya kuring kamari dipaténi ku nu ngaliwat hareupeun kontrakan?

            Lémbang, 17 Juni 2014

Sajak: Pileuleuyan

Panon poe luhureun embun-embunan laun-laun nyumput tukangeun
méga hideung nu aleum.
Tabuh opat, tos wayahna kedah nutup wangkongan.
Hamo ingkah. Rasa kangen nyaliara jadi kangker na jero dada.
Rangseb ngerekeb.
Clak, clak, clak, langit cimataan.


Cikeruh, 21 April 2104

Fikmin Suudzhon

Naék beus Bandung-Majaléngka, tempat diuk geus pinuh. Nu nangtung geus loba. Dukdek jeung eungap. Torojol ibu hamil, euweuh pisan sahijieun pamuda nu daék ngéléhan mikeun tempat diukna. Teu aringet kitu, yén baheula maranéhna méméh bisa diuk jiga ayeuna, sok dibabawa dina beuteung indungna, salapan bulan lilana. Ibu hamil tuluy leumpang ngadeukeutan. Bedul téh! Hanas geus suudzhon, singhoréng éta mah lalaki nu keur ngamén make kostum ibu hamil.

Lémbang, 9 Désember 2013

Sajak: Indit keur Balik

Isuk demi isuk dibaturan ku hariring peuting nu jempling.
Dipapag mesin-mesin tambaga nu satuluyna nyorang jalan panjang.
Réwuan tangkal ting garupay.
Awak nu lungsé satemenna nuturkeun kalangkang.
Moro rohang kelas nu hérang ngagenclang.
Handapeun lalangit gedong rangkebong, kuring anteng.
Milihan kecap demi kecap, prosa demi prosa,
sangkan bisa jadi kalimah, jadi paragraf, jadi carita.

Beurang demi beurang dipayungan sakebing langit cangra.
Kuring leumpang nuturkeun tangkal demi tangkal, gedong demi gedong.
Néang cahaya demi cahaya.
Sumujud ka nu nyiptakeun diri, sumebrah pasrah ka nu méré rasa.

Layung demi layung témbong deui.
Nu arindit baralik deui.
Aya nu jaradi patung.
Aya nu sidéngdang dina ruhay rébuan catetan lalampahanna.
Aya nu tuluy nangtung hareupeun eunteung.
Aya nu ambekanna tuluy ngahégak, ngudag langit, ngudag impénan.
Aya nu diuk nangunjar tur nyarandé dina tangkal nu kacida iuhna.


Jatinangor, Désémber 2013 

Sajak: Kaéndahan

Basa peuting anu jempling, maturan panon haté neuteup genclang
Cahya béntang. Lain katengtreman anu datang. Tapi kakeueung nu
terus ngalangkang. Basa bulan caang nyorot daun nu tulangna lamokot késang,
lain kaéndahan anu natrat narémbongan. Tapi anjeun nu tuluy imut dina saban implengan.


Dipatiukur, 9 Séptémber 2013

Kritik Sastra: Katumbiri jeung Régenerasi

Sastra Sunda mekar marengan jaman ti mangsa ka mangsa.  Masarakat Sunda tangtu ulah béakeun déngkak keur nanjeurkeun kabudayaan khususna dina widang kasusastraan. Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Provinsi Jawa Barat (Disbudpar Jabar) mangrupakeun salah sahiji instansi nu boga pancén pikeun ngokolakeun widang kabudayaan, ngamumulé, tur ngajembarkeun seni jeung sastra Sunda di Jawa Barat. Kitu deui para ahli dina widang sastra Sunda kudu bisa ngarojong pikeun ngaronjatkeun ajén-inajén sastra Sunda. Tarékah Pamaréntah Provinsi Jawa Barat dina raraga ngamumulé sastra daérah (Sunda) parantos diréngkolkeun dina Perda No.5 Taun 2003. Dina taun 2013 medalna buku Katumbiri: Antologi Puisi Sunda mangrupakeun salah sahiji tarékah Disbudpar Jabar dina migawé pancénna nyieun wadah atawa media pikeun ngagedurkeun semangat para ahli utamana keur para panyajak Sunda sangkan bisa ngaronjatkeun kreativitas jeung karyana dina nyajak. Panyajak nu lebet dina Katumbiri téh ngan 20 urang, dipilih panyajak anu kantos kénging hadiah boh ti lembaga pamaréntahan boh ti lembaga kasundaan. Nu kasinugrahan dina midangkeun karyana nyaéta Acép Zamzam Noor, Ari Andriansyah, Chyé Rétty Isnéndés, Darpan, Dédy Windyagiri, Déni Ahmad Fajar, Dhipa Galuh Purba, Dian Héndrayana, Dyah Padmini, Étti R.S., Godi Suwarna Hadi AKS, Inda Nugraha Hidayat, Lugiena Dé, Nazarudin Azhar, Rosyid É. Abby, Sarabunis Mubarok, Soni Farid Maulana, Toni Lesmana jeung Yous Hamdan. Tarékah ieu kaitung saé pisan dina ngawujudkeun konsistensi sawatara panyajak Sunda nu ngagaduhan préstasi karancagéan. Hanjakalna panyajak nu karyana dipedalkeun téh ngan éta-éta deui nu kasebut geus boga ngaran jeung eksisténsi dina dunia nyajak. Upamana sakali mangsa panyajak-panyajak anyar dibéré rohangan media jeung kasempetan pikeun ngréasikeun karyana keur dipintonkeun ku pamaréntahan tangtu sim kuring bungah pisan, upamana dina milih panyajak nu baris dipedal dina Katumbiri éta diseléksi ngaliwatan pasanggiri nyieun sajak, atuh lamun lain panyajak nu alanyar dék kusaha deui engké budaya sastra Sunda dimumulé mun panyajak nu heubeul tos teu araya? Kapan kudu aya regenerasi dina éksisténsi panyajak Sunda téh.
Ditilik dina wujud buku Katumbiri, beuki kadieunakeun beuki irit waé bahan kertas nu digunakeun. Buku téh salah sahiji sarana pikeun ngadokuméntasikeun karya atawa naon-naon waé anu dianggapna penting. Komo deui Disbudpar tangtu ngabogaan ‘persiapan’ pikeun ngawujudkeun salah sahiji programna dina ngokolakeun kasusastraan daérah nyaéta nu rutin medalkeun buku kasundaan. Lebar pisan upamana karya-karya pinunjul dipidangkeun dina wujud buku nu basajan atawa dihandap standar, minimalna éta jilid buku jeung kertasna milih bahan anu henteu babari rikes. Éstuning bungah pisan kalayan mere sumanget nu leuwih pikeun nyajak boh nu maca keur ngaaprésiasi tarékah Disbudpar dina ngaronjatkeun ajén-inajén kasusastraan Sunda. Karya sastra téh nyieunna henteu babari, sim kuring miharep kapayunna Disbudpar atanapi lembaga pamaréntahan nu lian tiasa langkung ngaaprésiasi karya-karya pinunjul sangkan éksisténsi jeung sumangat pangarang tuluy ngagedur teu pareumeun obor boh nu heubeul boh nu anyar. 

2013




Carpon: Tangkal Jambu

Ti buruan kadéngé sora bi Enéng semu gogorowokan “Anjiiirrr hileud mani ngabring kieu euy, urang kérécék waé kitu barudaaaak jeung daun jambuna?!” kawas nu nyindir ka nu boga tangkal jambu hareupeun imah ema nu dahanna geus meuntas ka téras béh luhur. Imah ema téh dua tingkat ayeuna mah, kaparengkeun ku jaman, lahan téh geus haleurin. Mun teu lega ka gigir nya lega ka luhur, geus dukdek boh ngalér boh ngétan. Imah kuring ogé sarua dua tingkat, ngadeg béh kiduleun imah Ema nu jarakna ngan sameter tina témbok ka témbok. Ari tonggoheun imah ema nyaéta imahna wa Édéh nu ku bilik kénéh. Papanna geus rada barobo, ema mah geus bosen ngingetan ka wa Édéh sangkan imahna digejligkeun waé make keramik, keun baé ku bilik kénéh ogé aringgis peta na téh. Ku wa Édéh teu digugu lantaran ngomongna mah can aya duit keur ngeramikkannana, malahan mah sok némbal pikasebeleun “Ah saruntuhna wéh urang mah, bongan ngan kabagéan imah butut ti jenatna!” Rada teu pantes ngomong kitu ka indungna sorangan. Némbongkeun rasa kurang baktina ka abah jeung ka ema. Sukur sakitu ogé dibéré warisan imah nu meunangkeunna teu kudu adug lajer ku usaha sorangan.
Teu jiga imah indung kuring nu ngabangunna ogé nungtutan. Geus tujuh taun kuriak, tapi imah can anggeus kénéh waé, nyaéta téa ku masalah biaya. Dua taun ngabangun, can ditémbok-témbok acan, masih kénéh ku batako. Tapi geus ditempatan, lantaran bingung dék salaré dimana. Kapanan kuring jeung adi kuring nu dua, si Dimas jeung si Anggi, kudu boga tempat keur diajar. Keur mareujeuhna sarakola, éra cenah ceuk indung kuring mah lamun milu cicing di imah ema waé, da éta téa bi Enéng teu weléh ngageunggeureuhkeun waé mun dék mandi sok ngalantri. Nanaon ogé sok jadi omong ku bi Enéng mah, tah éta nu teu dipikaresep ku indung kuring téh. Ayeuna geus taun ka tujuh indung kuring kuriak kénéh, geus dipulas imah téh, geus dikeramikkan, tangtuna mah geus ditémbok. Ngan éta palebah dapur jeung cai mah acan, puguh da nungtutan duit téh ayana ogé. Sakapeung sok asa melang ka diri sorangan, geus sagedé kieu can bisa kénéh ngabantuan ngabiayaan keur nyieun imah. Ah, duit timana atuh? Kapan kuringna ogé keur kuliah kénéh. Sugan wé isuk jaganing géto ku Alloh direjekian.


“Barudak kadarieu! Ieu buru loba hileud, urang rujak atawa urang kérécék wéh yu?” Bi Enéng ngagorowok deui. Bari bibirigidigan ningali hileud nu sakitu lobana. Aya nu ngagantung  tina catang tangkal jambu, aya ogé nu geus maluragan ka handap ka nu téras ema. Kuring nu keur motongan kuku di jero imah tuluy nyampeurkeun.
“Aya naon bi? Meni asa rareuwas.”
“Tuh tingali hileud tina tangkal jambu si Keling hideung nurustunjung, geus murudul deui waé, iiiihhhh!”
“Hiss ai bibi, naha kitu nyariosna?”
“Ah keun baé méh kadéngéeun ku nu bogana. Méh geura sadar yén tangkal jambuna geus ngaganggu kana kahirupan batur, puguh ai tangkalna sok buahan tuluy buahna dibagi-bagi mah, ieu mah boro-boro ka buahan, daunna ogé beak, barolong dihakanan ku hileud jeung sireum. Ari aya buahan ogé gening teu weléh digégél kalong!”
Kuring teu némbalan lantaran ngarasa omongan bi Enéng aya benerna ogé, tangkal téh geus mangtaun-taun hareupeun golodog ema, tapi tibatan méré mangpaat kalah ngarugikeun. Imah ema jadi aleum, katutupan ku dahan tangkal jambu nu jangkungna geus sapantar jeung loténg. Hileudna sok arasup ka jero imah, matak arateul. Daunna ogé saban poé sok ngabalaan, teu isuk teu sore. Nepikeun ka ema mah sok cape nyapuanana. Ari teu disapuan, éta daun sok mengpetan solokan, malah sok ngabalukarkeun banjir. Karugian éta téh teu ngan ukur dirasakeun ku ema jeung bi Enéng, tapi loba ogé nu sok ngadon kukulutus, lantaran ku ayana tangkal jambu teu mangpaat. Indung kuring, wa Ayi nu imahna kiduleun tangkal jambu, wa Eulis, wa Édéh jeung sakabéh warga nu sok ngaliwat ka jajalanan ngahaja dék menerkeun cai ka girang atawa ngan ukur ngaliwat. Bongan caludih tangkal téh, hieum, sakapeung mun peuting sok ngarasa sieun, asa kareueung nempona gé.
Ku kituna ema nyobaan ngomong ka Bi Isar nu boga tangkal jambu, sangkan dituar. Tapi Bi Isar embungeun, malah tisaprak ema ngomong, ayeuna Bi Isar jeung ema jiga nu wawuh munding. “Pikasebeleun siah Kisar sia mah!” ceuk bi Enéng bari nyapuan hileud nu geus maraju ka jero imah. Kuring mantuan maéhan hileud, ditincakkan maké sendal.
Bakating ku kesel-kesel teuing, mang Iwan anakna ema nu pangais bungsu, henteu béak déngkak nyieun siasat keur numpurkeun éta tangkal jambu. Dina hiji peuting, mang Iwan jeung mang Idin ngaracik obat keur maéhan tangkal jambu. Salah sahiji bahan dasarna nyaéta air keras, éta obat dibanjurkeun kana akar jeung tangkalna bari susulumputan. Ditingali isukna éta tangkal angger kénéh beleger, teu aya robah-robahna. Sugan buruk palebah akarna, henteu wé gening. Éta siasat tuluy dilakonan unggal peuting, tapi hasilna nihil. Hileud kadon beuki loba. Geus liwat bates ai kitu carana mah, ema ngalapor ka pa RW. Pa RW nyobaan ngolo bi Isar sangkan nuar éta tangkal. Tapi angger kénéh baé embungeun, kalah pa RW anu éléh adu omong.
Abong dasar jelema rada eusleum, teu mikirkeun kaayaan batur, haré-haré wé batur rugi lantaran kalakuan manéhna ogé. Égois ceuk guru kuring mah. Jelema kitu mah biasana tara ditulungan ku tatangga lamun ninggang di susah iwal ku dulurna. Bener pisan, saminggu ti kajadian adu omong jeung pa RW, bi Isar tilar dunya, kabéntar ku gelap. Awakna tutung géhéng, buukna heuras. Pikawatireun. Mun teu dihieuk-hieuk mah ku pa RW, moal aya nu daékeun ngurus jasadna. Salila hirupna pikangéwaeun batur, sok lenger ka batur, judes ka budak batur, omonganna teu diwengku, sok nyumpahan batur nu teu paruguh. Tara ibadah-ibadah acan. Salian ti éta hirupna jorok, teu bisa ngurus manéh. Tapi tungtungna aya nu ngurus jasadna nepikeun ka dikurebkeun. Da asa piraku jalma iman ninggalkeun kawajibanna. Keun baé sual kalakuan jenatna mah jadi urusan Pangéran.
Nalika dikurebkeun loba kajadian nu ahéng. Tangkal jambu nu ngaganggu warga téh ujug-ujug roboh jeung buruk palebah akarna. Daun-daunna ngararapung ka tempat jenatna dikurebkeun. Salila keur dilkurebkeun ngecrek waé hujan. Teu loba anu ngalayad, ngan nu dareukeut imahna hungkul jeung dulur-dulurna. Budakna nu bungsu jadi sakalor, teuing kunaon. Sanggeus ngalayad, kuring ngariung jeung sakabéh dulur di imah ema. “Rusiah Gusti Allah éta mah, angguran urang mah ibadah cing bener, nyaah ka batur, boh ka nu jadi dulur atawa tatangga. Kudu bisa mihapékeun manéh ari hirup mah!” Ema mapagahan incu jeung anakna nu keur ngariung di tengah imah sanggeusna ngurebkeun jenatna bi Isar.


Lémbang, 6 Désémber 2013